Sampurasun !
  Manawi aya rerencangan di dieu ?
  Lailahailelloh ! Paingan Kisunda simpe, sihoreng teh di darieu geuning ? 
  Ana kieu mah rek miluan we ah sakalian !
  Nepangkeun Nun, “Kang Dien” tea anu waktos di urang-sunda sering diblokir ku 
MJ … he he da eta panginten kasigeung mamanahanana (kitu da jiwa feodal mah, 
teu payaan).
  Padumukan mah, angger keneh di Bekasi nu kiwari nuju subur ku cai (banjir 
Bekasi teh). Ari kawit mah ti Bandung mung nyakitu, saleresna mah sanes pituin, 
da ari bubuyut mah ti Garut, Limbangan sareng ti Pasirwangi, kitu oge cenah, da 
tos pareumeun obor.
  Sakitu heula manawi, upami palay nyosok jero mah sae japri wae.
  Pamungkas, etang-etang tilam sono ka tos wanoh, sareng nepangkeun ka urang 
dieu, nyanggakeun rumpaka sisirintilan.
   
  tangkal huni jeung katapang, tangkal turi komo jati
  ku lami henteu patepang, asa nyeri jero ati
   
  tangkal huni jeung katapang, dituaran jaranten deui
  ku lami henteu patepang, gamparan hapunten abdi
   
  kumeli dina karanjang, tomat mah sanes kokosan
  upami abdi pareng nganjang, omat kedah ….. diongkosan
   
  api-api ripuh nanggung, saladah leukeun meungkeutna
  aki-aki wuwuh bingung, ceu odah mikeun …… heueuh ….. na !
   
  jampana apung-apungan, eusina londok keur nyayang
  matana buburilengan, etana …….. dilodok soang
   
  kanyere keur parentilan, komo jengkol jeung pisitan
  awewe cicirihilan, nyoo …… botol  … dilamotan
   
  waliwis mawa kapiting, karamba ditarakolan
  rupa geulis awak langsing, dirampa aya …….. jengkolan !
   
  daun enteh daun engkol, dina kaleng aya botol
  sugan teh panakol kohkol, sihoreng teh geuning ……… konyol !
   
  nini anteh dangdan keneh, karamba dina solokan
  sugan teh parawan keneh, dirampa aya …… endogan !
   
  aya listrik di masigit, diistora loba jalma
  aya istri jangkung alit, ari sora siga bima

 
---------------------------------
Don't get soaked.  Take a quick peak at the forecast 
 with theYahoo! Search weather shortcut.

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke