pangaruh feodalisme kaurang Sunda teh luar biasa..Abdi
gaduh supir kapungkur, manihese pisan ditawaran bareng
lamun di jalan..atanapi dipiarang kalebet neda di
ondangan. Jawabna na teh past "Parantos cekap..tadi
parantos". Akhirna dibere duitna (atahna) supaya
dibeulikeun...keukeuh henteu. Padahal ari geus jalan
kadenge pisan beuteungna teh kukurubukan. Jalma siga
supir abdi teh kenging pujian luar biasa ti
rerencangan, tatangga, pembantu sareng pun bojo. " Eta
mah, sugan moal aya duana,...bageur pisan". Drastis ti
manehna...abdi kantos kagungan Supir Manado....beda
pisan....Di jalan mun diajak emema..langsung lebet
bareng ..gek diuk pahareup hareup...teras emem
bareng". teu nananon..da abdi nu ngajak...keur batur
ngobrrol. Dina waktos jalan deui kaluar kota..langkung
hebat..teu acan ditawaran emam oge tos sok asup
bareng,..gek diuk sameja. Beu gancang ngarti yeuh !
Tapi pondokna pun bojo, barudak sareng
rerencangan...anti pisan...nya ku abdi kapaksa di
gentos....Nah memeang sifat sisa feodal di US teh
kentel jeung sacara tidak langsung di LESTARKEUN ku
urang sarerea....!


--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> > From: "Muchamad Iman Karmawijaya"
> <[EMAIL PROTECTED]>
> > Kumaha atuh urang sunda teh elehan wae?
> > Maenya atuh wakil rakyat sunda teh lolobana lain
> urang
> > sunda?
> > Lamun eweuh parubahan bisa2 nasibna bakal siga
> urang
> > betawi.
> > Urang sunda teh kudu kompak atuh.
> 
> Sigana mah Kang, kulantaran urang Sunda mah kurang
> bisa hahaok, nyarios 
> capetang kaditu-kadieu. Beda jeung etnik sejen, nu
> palalinter nyarios. Tapi 
> sanes hartosna urang sunda teu gede kawani, teu wani
> gelut, da buktosna 
> tantara ti etnik Sunda kasohor kawanina bari 
> kasohor paling HANDAP ASOR, 
> bisa meuli hate padumuk dimana tantara Sunda
> operasi.
> 
> Handap Asor? tah ieu masalahna, urang Sunda
> tileuleutik dididik kudu handap 
> asor, teu meunang peupeuleukeuk. Jalma nu sok ti
> peupeuleukeuk, di 
> masyarakat Sunda kurang dihargaan. Kolot urang
> ngajarkeun ulah ti 
> peupeuleukeuk, kudu ngelehan. Ieu teu masalah waktu
> jaman baheula, jaman 
> Tatar Sunda can jadi tempat kaum migran, sabab
> budayana masih homogen. Tapi 
> ayeuna sanggeus Tatar Sunda jadi tujuan kaum migran,
> sifat handap asor, kudu 
> ngelehan, teu pati cocog sabab kaum migran boga
> budaya/kabiasaan beda. 
> Patorong-torong, paloba-loba omong keur urang
> sabrang hal nu biasa, lain 
> sifat goreng, padahal keur budaya sunda mah, sikep
> kieu teh teu pati 
> dipikaresep, sabab nandakeun jalma nu resep
> tipeupeuleukeuk. Urang Sunda, 
> kulantaran kadidik ti bubudak kitu, biasana mah
> narik diri ......
> 
> Masyarakat Sunda oge aslina masyarakat feodal,
> unggal jalma aya hiarki/ 
> tingkatan sosial di masyarakat. Tingkatan status
> sosial ieu teu masalah ari 
> keur jaman baheula mah, da masyarakatna masih
> sabudaya (alias homogen tea). 
> Ngan jadi masalah lamun aya nu asup ti luar.
> Bingung, kumaha nempatkeunana 
> status sosial jalma ieu? . Kulantaran urang sunda
> mah geus katelah "someah 
> ka semah", biasana status jalma luar ieu teh
> langsung "ditempatkeun" dina 
> status sosial nu luhur. Gejala model kieu, ayeuna
> oge masih tiasa ditengetan 
> di lembur-lembur nu singkur, lamun kadatangan jalma
> ti luar ....
> 
> Jadi ceuk kuring mah, sabenerna lain kulantaran
> urang Sunda elehan, lain 
> kulantaran urang Sunda kurang kawani, ngan
> kulantaran tarik teuing robahna 
> kaayaaan di Tatar Sunda. Tatar Sunda salah sahiji
> tujuan utama kaum migran 
> di Indonesia, sagala budaya ti etnik-etnik sejen
> ararasup ka lembur urang. 
> Aya "benturan" budaya anu beda  .....
> 
> Tos ah sakieu heula, geus jam opat sore, waktu
> dilembur mah, ke disambung 
> deui ....
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
>  
> 
> 



 
____________________________________________________________________________________
No need to miss a message. Get email on-the-go 
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.
http://mobile.yahoo.com/mail 

Kirim email ke