Sumuhun leres pisan eta teh gan :D, da urang sunda teh elehan pisan di bidang cacariosan. Ti jaman sd, smp, sma, dugi ka perguruan tinggi, anu jadi KM teh seseeurnamah lain urang sunda. Komo mun di lingkungan kerja mah leuwih2 deui. Walah ieu mah ti bubudak oge, urang sunda mah geus elehan.. :( Padahal mah mun ku abdi ditingal2 urang sunda teh saleresna mah leuwih cerdas ti suku2 anu lain. Tapi da jaman ayeuna mah lamun handap asor mah moal ditingali ku batur. :p Sareng deui lamun teu kompak mah sanajan palalinter oge moal jadi suku anu maju. Kumaha atuh ieu teh juragannnn?? Naha kedah dideportasi ti jawa barat ngarah urang sunda teh bisa kompak jeung maraju?
Salam, --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sigana mah Kang, kulantaran urang Sunda mah kurang > bisa hahaok, nyarios > capetang kaditu-kadieu. Beda jeung etnik sejen, nu > palalinter nyarios. Tapi > sanes hartosna urang sunda teu gede kawani, teu wani > gelut, da buktosna > tantara ti etnik Sunda kasohor kawanina bari > kasohor paling HANDAP ASOR, > bisa meuli hate padumuk dimana tantara Sunda > operasi. > > Handap Asor? tah ieu masalahna, urang Sunda > tileuleutik dididik kudu handap > asor, teu meunang peupeuleukeuk. Jalma nu sok ti > peupeuleukeuk, di > masyarakat Sunda kurang dihargaan. Kolot urang > ngajarkeun ulah ti > peupeuleukeuk, kudu ngelehan. Ieu teu masalah waktu > jaman baheula, jaman > Tatar Sunda can jadi tempat kaum migran, sabab > budayana masih homogen. Tapi > ayeuna sanggeus Tatar Sunda jadi tujuan kaum migran, > sifat handap asor, kudu > ngelehan, teu pati cocog sabab kaum migran boga > budaya/kabiasaan beda. > Patorong-torong, paloba-loba omong keur urang > sabrang hal nu biasa, lain > sifat goreng, padahal keur budaya sunda mah, sikep > kieu teh teu pati > dipikaresep, sabab nandakeun jalma nu resep > tipeupeuleukeuk. Urang Sunda, > kulantaran kadidik ti bubudak kitu, biasana mah > narik diri ...... > > Masyarakat Sunda oge aslina masyarakat feodal, > unggal jalma aya hiarki/ > tingkatan sosial di masyarakat. Tingkatan status > sosial ieu teu masalah ari > keur jaman baheula mah, da masyarakatna masih > sabudaya (alias homogen tea). > Ngan jadi masalah lamun aya nu asup ti luar. > Bingung, kumaha nempatkeunana > status sosial jalma ieu? . Kulantaran urang sunda > mah geus katelah "someah > ka semah", biasana status jalma luar ieu teh > langsung "ditempatkeun" dina > status sosial nu luhur. Gejala model kieu, ayeuna > oge masih tiasa ditengetan > di lembur-lembur nu singkur, lamun kadatangan jalma > ti luar .... > > Jadi ceuk kuring mah, sabenerna lain kulantaran > urang Sunda elehan, lain > kulantaran urang Sunda kurang kawani, ngan > kulantaran tarik teuing robahna > kaayaaan di Tatar Sunda. Tatar Sunda salah sahiji > tujuan utama kaum migran > di Indonesia, sagala budaya ti etnik-etnik sejen > ararasup ka lembur urang. > Aya "benturan" budaya anu beda ..... > > Tos ah sakieu heula, geus jam opat sore, waktu > dilembur mah, ke disambung > deui .... > > Baktos, > WALUYA > > > > From: "Muchamad Iman Karmawijaya" > <[EMAIL PROTECTED]> > > Kumaha atuh urang sunda teh elehan wae? > > Maenya atuh wakil rakyat sunda teh lolobana lain > urang > > sunda? > > Lamun eweuh parubahan bisa2 nasibna bakal siga > urang > > betawi. > > Urang sunda teh kudu kompak atuh. ____________________________________________________________________________________ Don't pick lemons. See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos. http://autos.yahoo.com/new_cars.html
