> From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Asa aneh oge maca ieu warta. Ongkoh kampanyeu ANTI perang, tapi kalah
> hayoh nitah perang. Kadang2 sok bingung nuturkeun kekecapan Mang
> Hawatir eh... Mahatir teh

Lamun teu salah mah Dr M teh salah saurang politikus Malaysia, nu hayang 
pisan etnis Melayu (60% ti populasi) maju, sajajar jeung etnik Cina (oge 
India) nu ngawasa ekonomi Malaysia. Kulantaran sikepna ieu, Dr M kungsi 
dipanjara ku pangawasa Malaysia nu tiheula (PM Tungku Abdurahman lamun teu 
salahna mah). Bukuna "Malay Dilemna" kungsi dilarang di Malaysia. Jadi 
obesesi Dr M, nya ngamajukeun etnik Melayu di Malaysia.

Supaya meunang dukungan keur ngawujudkeun idena, saperti umumna politikus, 
sentimen-sentimen negatif kadang-kadang di mucunghulkeun. Mahatir biasana 
ngagede-gedekeun soal isue Islam, agama etnik Melayu. Ari pangpangna mah, 
keur ngajaga supaya partey Islam nu puritan di Malaysia (PAS) teu meunang 
loba dukungan. Jadi sagala omongan Mahatir sabenerna mah keur konsumsi 
dijero nagarana.

Tah ieu nu cilaka, waktu Afghanistan diserebu Uni Soviet, Dr. M nu nyarita 
paling heuras, malah lamun teu salah mah manehna nu gogorowokan rek ngirim 
sukarelawan ka Afghanistan (cmiiw).  Kulantaran ari urang Malaysia mah 
harirupna malalakmur, nu katarik ku omongan Dr. M teh malah kaum migran ti 
Indonesia nu di Malaysia!. Umumna urang Indonesia nu jadi tantara 
sukarelawan di Afghanistan, tadina kaum migran di Malaysia (Contona Imam 
Samudra, Amrozi ....jrrrd) nu arindit ka Afghnaistan waktu Dr. M keur kawasa 
di Malaysia. Para "veteran" Afghan ieu, nu "mindahkeun perang" ka lemburna 
sorangan .....

Ayeuna Dr M geus pansiun, sakuduna atos we calik ngabaheuhay ..... atawa 
meureun  manehna boga prinsip "old soldier never die". Pangsiunan nu kuciwa 
wae, teu sugema sabab ceuk manehna etnik Melayu di Malaysia teh angger acan 
bisa sajajar dina kamajuan jeung etnik Cina ....

Tos ah sakieu, punten tong dianggap teuing, maklum kuring mah tukang 
ngacapruk, duka ari leres-henteuna mah .....

Baktos,
WALUYA








Kirim email ke