KAng MH, Kang WLy,

Konflik Syiah-Sunni di Irak lain aya saenggeus Amrik asup... leuwih
jero ieu papaseaan teh. Malah mun malikan jaman kakalifahan tea...
pakepuk Syiah jeung Sunni geus loba (teu kaitung nu paeh na ge!).
Peringatan ASyura ge apan nembongkeun konflik ieu dua kelompok lin?
Hasan jeung Husein (incu Nabi; anakna Ali) pan dipergasa ku kalifah Sunni?

Lian ti kitu... di jaman Kang Sadam. Minoritas Sunni boga kakawasaan
anu gede. Tah... ayeun jadi tibalik. Anu jadi masalah... ieu papaseaan
teh PAREBUT KAKAWASAAN. AMrik ngadu jangkrik? Bisa jadi... tapi mun
ningali sajarah mah... sigana mah Amrik mah ngan faktor leutik.

Kuring teu nyebut Amrik Dewa Penyelamat. Ngan mun ningali kaayaan
pamarentahan Irak ayeuna... tong boro memener nagara anu pajuriwet...
memenre sorangan ge hese. Amrik diperlukeun pisan jang misah pakepukna
jero nagara Irak. Lian ti kitu... Amrik boga HUTANG moral ka rahayat
Irak: ku tanaga jeung ku harta. Sabab Amrik geus wani2 ngajorag Irak.

Perkara Dr. M... memang mun teu salah mah Dr. na ge ti Inggris? Kudu
dicek deui... we.

baktos,

Rahman


--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> bisa jadi jiga kitu, belegug 'daek 'diadukeun' ku amrik, UPAMA
faktor amrik
> NGAJORAG ka irak rek dileungitkeun. atawa rek dianggap, amrik DEWA
> PENYELAMAT. aeh, atawa sarua kitu antara NGAJORAG jeung DEWA
PENYELAMAT teh.
> hahaha.
> 


Kirim email ke