>--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ketah aya alusna oge mun Kang M jadi komandan... ngahijikeun ieu 
> tilu faksi sina ngalawan Amrik. Tapi kanyataan na RIPUH pisan. 
>  Aya raheut BADAG pisan antara mayoritas Syiah jeung minoritas 
> Sunni...
> Ieu raheut teh mam=kin gede wae unggal ope na. Bom pating jelegur di
> mana mendi... maehan jalma nu teu tuah teu dosa. Ari celengkeung Kang
> M... nitah perang! Asa teu nyambung ceuk kuring mah. 

Kang RH, sabenerna mah aya anggapan cenah silih gebugna Syiah jeung 
Sunni di Irak teh "diadukeun" ku Amrik. Anggapan ieu bisa bener, bisa 
oge henteu. Tapi lamun bener "diadukeun" ku Amrik, nya belegug we daek 
diadu-adu siga jangkrik. Tapi kuring mah leuwih percaya kana tulisan 
Gunawan Mohammad tinimbang omongan Mohamad nu politikus urang 
Malaysia. Catatan pinggir GM di Tempo kungsi ku kuring diposting 
didieu, judulna teh "2020". Ucapan Pa Mahatir nu sami-sami Mohammad, 
sigana ukur retorika politik wungkul. Kahijina manehna geus pangsiun, 
jeung geus teu boga kakawasaan nanaon, ngan boga gelar Doctor HC we ti 
UNPAD ...hehehehe

Baktos,
WALUYA 



Kirim email ke