--- In [email protected], "Aasep" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Taaah pakuat pakait jeung pasipatan urang sunda anu menganut sistem kasederhanaan... asaan mah rada kurang nyambung lamun urang sunda beuki jual beli budak... trus oge harti sunda teh apanan insun medal... sing saha wae anu lahir tina lahir indung nya eta urang sunda... jadi asa teu connect lamun aya sistem perbudakan... kacuali tangtosna aya pangaruh ti budaya sejen anu mulai ngalindih kasundaan... >
Baraya, Akang2, Teteh2, Meungpeung salse, tinimbang ngorekan korong he he he... mendingan urang ngacapruk. Nyambung obrolan jejer budak beulian tea. Kang Asep, aya nu kapikiran yeuh. Naha enya sifat urang Sunda teh hayang basajan wae alias 'sederhana' pedah euweuh titinggal karuhun urang anu agreng tea? Atawa memang TEU mampuheun nyieun budaya fisik anu mencrang siga batur? Ari interpretasi kuring mah kieu. Budaya urang teh HENGKER. Budaya urang teu mampuh nyieun nu hurung herang. Naon sabab na? Kulantaran dina budaya Sunda kurang merhatikeun budaya tinulis. Budaya2 anu ngahasilkeun budaya fisik anu hade jeung agreng... pasti boga budaya tinulis anu hade. Salah sahiji sarana jang ngabangun atawa nyieun budaya fisik anu hade teh nya kudu ditulis sigana mah. Parentah sacara lisan moal cukup. Komo mun rek nyieun bangunan anu sophisticated mah kudu aya manualna. Manual make lisan? Wah ripuh sigana mah... Bener henteuna mah ... kumaha engke, ngaran na ge interpretasi... ;)) Mun aya nu boga interpretasi sejen na... sok ah...balangkeun bae... baktos, Rahman
