Minggu kamari kuring meunang milik, aya nu nitah digawe di kompleks Candi Loro Jonggrang nu leuwih kawentar disebut Candi Prambanan. Kuring dititah mantuan urang Jepang nu rek ngarenovasi Candi-Candi di Prambanan nu rusak gara-gara lini gede di Yogya tea. Sabenerna mah rada teu ngarti, naha ngomean candi kudu make urang Jepang sagala, pan ieu mah jijieunan karuhun urang Indonesia (meureun ketah, boa-boa baheula oge basa nyieun candi ieu teh ngondang ti batur ...hehehehe). Tapi nu aranna milik ....ah teu kudu loba nanya, nya digawekeun we. Pagawean kuring, biasa urusan taneuh, dititah ngukur gancangna lambak S (gelombang S, Shear Wave) dina taneuh. Ceuk ahli seismologi mah cenah lambak S teh lambak nu paling ngarusak wangunan2 dina beungeut taneuh.
Basa tepi ka Prambanan, komplek Candi teh ditutup, ditingker pager. Teu meunang aya nu asup salian petugas jeung nu digawe. Para wisatawan domestik atawa ti luar ukur bisa nempo tiluar pager. Ari kuring mah meunang asup, da nu rek digawe. Barang geblus asup, kuring kaget di luhureun candi kukurilingan helikopter leutik, ari sugan teh helikopter bener, sihoreng helikopter leutik, teu make pilot, dikontrol ku remote kontrol dihandap. Helikopter teh dipasangan kamera tiditu-tidieu. Nu ngontrol urang Jepang mamake calana pondok, tatanggahan bari nyenyekel remote kontrol. Helikopter turun-maek, sigana mah moto/milem Candi, ditempo dimana nu rusakna. Kuring ditepungan kunu nyiapkeun liang bor nu engkena bakal dipake pangukuran ku kuring. Nu ieu mah urang Indonesia, ngomongna bebeledugan, kumaha we urang Jawa, terus ngajak sasalaman. Nyaho kuring urang Sunda, manehna alewoh, yen kolot manehna ge asalna ti Manonjaya Tasik, ngan lahir jeung gede di Yogya. Ngan terus terang we, sanajan ngaku asalna ti Sunda ge, ari tileuleutik di Yogya mah, nya persis we jeung urang Jawa, euweuh bedana. Si Bapa nu urang Jawa asal Sunda teh menta dihampura, sumurna acan anggeus, kuring kudu nungguan isukna deui. Nyel teh rada keuheul. Nyaho kitu mah kuring moal rurusuhan indit ka Yogya. Tapi kakeuheul kuring jadi lengit waktu ngareret kaluareun pager. Di luar pager, loba jelema, kaum wisatawan, nu tempa-tempo, putrat-potret. Meureun maranehna ge harayangeun siga kuring bisa asup ka komplek Candi, ngan teu meunang. Kuring ngupahan maneh. Terus kukuringan nempoan Candi. Candi nu panggedena disebut Candi Syiwa. Di beulah katuhuna Candi Brahma, sedengkeun dibeulah kencana Candi Wisnu. Dihareupna aya dua Candi deui nu leuwih leutik, ngan teu apal aranna. Dina tetecean Candi, aya tulisan teu meunang nincak jeung teu meunang asup. Pansaran nanyakeun kunaon make teu meunang ditincak ka petugas nu make saragam. Ceuk petugas teh cenah, bisi candina tambah rusak jeung ongkoh ngabahayakeun bisi katinggang batu. Tapi, si Petugas teh malah mere jalan :" Kalau Bapak boleh masuk, hati-hati saja jangan memegang batu yang mau lepas". Atuh kuring teh atoh, ngagiridig naek ka Candi Siwa, candi panggedena. nu mimiti ditaekan teh tetecean beulah kenca (dibagean kenca Candi) maksud teh hayang nyaho di jero rohangan candi teh aya naon. Tapi di lawang rohangan aya steger keur nahan batu diluhur. Kuring teu wani asup. Ngalongok we ka jero rohangan nu rada poek, kaciri aya nu ngabelegbeg patung awewe, ......patung Dewi Loro Jonggrang atawa Dewi Durga, Dewi istrina Dewa Syiwa. Lila kuring nempokeun nu ngabelegbeg teh, enya ....asa araringet kana carita wayang. Kop kana tustel, cepret nu ngabelegbeg teh difoto, kumplit jeung steger nu nahan batu diluhurna. Deudeuh teuing sang Dewi, tepi ka rek katinggang batu kitu ..... Baktos, WALUYA
