Kang Rusli, Rorompok abdi di Babakan Fakultas - Duta Pakuan, pengkereun komplek dosen IPB baranang siang. Damel janten kuli di Hotel Salak The Heritage macul di bagean Business Development sareng Marketing Intelligence ;))... aya deui nembe kamari nyupprot janten padagang di perherbalan brandna Dr. Liza Herbal tea kanggo tiasa penetrate ka dunia luar.... ayeuna tos mulai ka Brunei, Malaysia... nuju di ropeakeun ka Middle East sareng Europe :D... eduun China tos mangkal tah di Middle East euy... bravo lah ka China. Nu sanesna macul diperminyakan oge... janten wawakil di endonesa sareng asia pasifik kanggo perusahaan anu namina Fiberod oge Nutech... usaha Properti sareng Kebon oge aya mung nuju ngarintis keneh :D. Palugada lah Kang.... Apa Loe Mau Gue Ada ;))... mangga bilih aya anu tiasa di geol bareng hayuuu deuh, nu penting win-win jeung real :D.
Abdi resep offroad tapi nu light upami nu hardcore maaah eta namina program ngaruksak mubil :D... samodel outbound atanapi camping weh sareng kulawarga... biasana upami ka lembur sok ngadon ngecrik disisi walungan oge ngabakar lauk kitu :D. Waaah Nissan Patrol eta ajiiib oge Kang... abdi kantos ninggali di Majalah JIP aya nu nganggo ban 48 eduuun pisan asaan mah nu modifna urang bandung :D. Jeep Utility atanapi MUTT eta lumayan ajiib Kang kaasupna Collector Item :D... hargana lumayan teu kiaaat nanjaak kanggo abdi mah... upami Kang Rusli mah percanten :D. Sabaraha na mah tergantung kondisi Kang... upami gado-2 (tos di mix sagalarupi) palingan 20 jeti tos ngageleser ;))... upami nu fully original tiasa 100 jeti oge rada sesah milarina :D. Upami abdi ayeuna nuju resep ka LandLover eeeh Landrover jip dadamelan Inggris anu LWB = Long Wheel Based eta ajiiib pisan kanggo oflod sareng kulawarga :D. Hoyong na mah engke di mount sareng tenda oge di pengkerna disadiakeun paralatan masak pun bojo... janten mun abdi nuju ngecrik pun bojo nyiapkeun liwet sareng sambel... pas beres cape ngecrik urang duruk eeeh bakar eta laukna dibarengan ku lalab alaaaaaah ajiiiib pisan eta Kang :D. Mung nya eta tabungan teu acan pinuh-2 geuningan janten nya ngoleksi die cast-na we heula hehehe :D. Nu sanesna abdi resep motor kolot anu masterpiece samodel honda c70... kenging taun 74 nembe beres di recondition ti bengkel kantun ngecet :D. Salam Oplod, Asep ----- Original Message ----- From: rusli To: [email protected] Sent: Thursday, March 08, 2007 9:52 AM Subject: Re: [Baraya_Sunda] urang BOGOR Kanggo Kang Asep sareng Urang Bogor sadayana Aeh aeh eta ! geuning akang teh aya dibogor . dimana kang rorompok teh ? sareng upami damel dimana ? Abdi mah urang lembur, ti Jonggol kang. mung sakola kantor ka kota di SMA I bogor da kosna ge pengkereun sakolaan di Gang Selot Katingalina akang resep kana Off Road nya da make 4x4 sagala jadi sempat teu sempat alias kudu !! Kuring ge resep kana Off Road teh, biasana ngurek belut jeng neangan simeut (pan sarua Off road eta ge ). tapi memang kuring boga kahayang gaduh mobil nu kitu. ari pun mamang mah di puspitek serpong tos gaduh Nissan Patrol sareng Gladiator. eta ge sok ngomporan iraha ceunah off road bareng ! Kang terang teu kana jeep Utility ? aya bocoran cenah aya nu nongkrong di garasi tah upami pasaran nana sabarahanya ? baktos rusli ] --- In [email protected], "Aasep" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Siiip deuuuh Kang Rusli urang ngadogdog ke di Bogor :D. > Haaar abdi di Cina tihongkong? Abdi mah di Bogor ayeuna :)... sigana eta AsepCingCau.com.cn meureun cabangna Kang ;). > > > . > > > [Non-text portions of this message have been removed] > [Non-text portions of this message have been removed]
