Ngurek Kang? wah belutna ayeuna mah laleutik, teu jiga baheula. 
ALmarhum pun Bapa karesepna teh ngobor, sanes ngurek. Ngobor belut 
modalna lampu patromak jeung bedog. Belut lamun kasorot lampu caang 
sok cicing,  tinggal dikadek weh ku bedog. Tapi resikona ngobor ... 
papanggih jeung oray. Mending lamun ukur oray kisi mah, da ieu mah 
jeung oray welang. Pun Bapa sok balik deui, ngoborna tara 
diteruskeun lamun papanggih jeung orang welang teh, mawa ...sue, 
cenah.

Kuring mah teu kalatih kana ubur-obor teh ngala belut teh, pun 
bapana kaburu udur, titik-brek. Tapi ari kana belut mah 
beuki ...hehehehe asal belutna ulah laleutik teuing da ari laleutik 
mah ningalina ge gila .... siga oray digoreng.

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> "Ngurek"
> 


Kirim email ke