Kang R, Kumargi ayeuna belut-na tos saba kota jeung saba walanda panginten ayeuna mah sanes usum ngurek tapi ceuk Kang Doel Sumbang tea mah "NGUREK" ceunah hehehe.
Di kampung abdi mah istilahna sanes ngobor kumargi tos berkembang ayeuna mah janten ngadamar belut :D. Upami ngurek mah abdi jaman kapungkur... biasana eupan na nganggo cacing taneuh atanapi mun hoyong mantabh... nganggo bancet :D. Kapungkur mah sering oge nu beunang laina belut kalahka oray hihihi... nya puguh we atuh pas dibantingkeun teh langsung ngacir da sieun tea... da nya eta keur leutik mah resep heureuy... jadi liang dina taneuh garing ge hayoooh we di urekan hehehe. Nu geuleuh mah mun panggih jeung keuyeup... biasana liangna henteu bunder tapi rada-2 opal ... taaah biasana mun ngaheureuyan batur sok dihajakeun... taaaah jang nu eta taaah belut badag tuuuh tinggali liang na oge gepeng... soook tah urekan... lumayan lami-2 tah karasa narik... biasa ari keuyeup mah sok ngaheureuyan... ari pas di gunyeng jeprut teh pegat kenur na da meureun ku keuyeup na di cakip kenurna dugika pegat hehehe. Salam, A ----- Original Message ----- From: Rahman To: [email protected] Sent: Tuesday, March 27, 2007 4:37 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: ngurek euy! Ari di NL kudu ngoboran jeung ngurekan naon nya? ;)) baktos, Rahman . [Non-text portions of this message have been removed]
