Bwahahaha Kang E... boa-2 euy... Kang Leksus eeeh Yesus eta teh sieuneun di 
Sunat heuheuheu... jadi weh kulantaran manehna sieun di Sunat... ieu pedang 
gobang kabuyutan aing ceunah rek di teukteuk hehehe... manehna ngadamel FATWA 
tandingan... teu kudu lah siah ceunah di sunat hehehe.

Nu lucu oge abdi kantos ngadangu caritaan ngeunaan sunatan ieu teh... asanamah 
da dina wawacan Kean Santang oge anu sok dicaritakeun ku aki jaman baheula... 
ceunah pas Kean Santang datang ti Arab saatosna diajar Islam... manehna kudu 
nyundatan urang sunda... mimitina salah... penisna sabelegerna dipotong 
hehehe... puguh atuh loba anu maot jeung aralimeun hahaha... tah harita Kean 
Santang balik deui ka Arab diajar nyundatan ceunah... kakarak bener ceunah lain 
di potong tapi di keureut palebah etana tea hehehe. Kakarak daraekeun jeung 
harita mah da ngeureut na oge ku hinis awi hehehe... kaasup abdi baheula inget 
tea euy... ku hinis awi tea... di jepit tea si Jagur Al Akbar tea... maklum 
palebah dieu mah abdi sapagodos pisan kedah ngamumule "budaya" arab Si Jagur Al 
Akbar Bin Seuhah tea meureun hehehe. Urang sunda mah istilah na teh pondok 
nyogok panjang nyugak... taaaah kirang payus keur si Jagur mah hehehe.

Punten kasadayana nya bisi Seuhah lada macaan imel ti abdi hahaha... kadang 
bodor abdi mah VULGAR ... Vul Garing... soalna rerencangan abdi sadaya GARELO 
kabeh hehehe... mun resep ngawangkong ngaler ngidul bari seuseurian... jeung 
ulah terikat teuing ka hiji nilai jeung abdi mah lamun hang out bisa nyeepkeun 
kopi sababaraha cup hehehe. 

Kang E... sareng abdi mah welcome wae naon weh diskusi mah... soalna kumargi 
abdi jurusan Artisex baheulana eeeeeeeh Arsitek janten dina raraga ngadamel 
planning, design, jsb... dosen abdi sok ngajarkeun anu namina brainstorming... 
ciiik ceunah euweuhkeun heula nilai-2 anu salami ieu di pegang teh... cobaan 
think outside the box tea... tidinya ceunah creativity bakal muncul jeung ide-2 
anyar bakal kaluar hehehe. Taaah sigana kabiasaan ieu tos nerap ka abdi hehehe 
terus kabablasan hahaha sagala rupa sok kapikiran.. kumaha, kunaon, enya kitu, 
jrrd... pertanyaan standar eta sok langsung kaluar jeung otak jalan nyalira 
sigana mah... ngan tetep jauh euy... jeung bule-2 mah... kadang ide-2 na teh 
bener-2 teu kabayang ku urang. Mangkana maranehna mararaju da nya eta bebas wae 
kitu mikir sagalarupa teh... teu aya tedeng aling-2na.

Tapi satu hal anu ngabanggakeun kanggo Urang Indonesia... utamina mah lulusan 
ti ITB punten sanes muji sorangan ieu mah saur rerencangan... Urang Singapur 
utamina mah pausahaan-2 badag di SQ.. hurmat lah ka lulusan ti ITB mah... 
maranehna geus apal ceunah... emang yahud. Mung sakedik masalahna urang 
Indonesia teh... Bahasa Inggrisna rada kirang yahud. Urang Singapur nyalira 
ngarasa kaancam ku seueurna urang Indonesia anu kukulamprengan diditu... urang 
Indonesia nya bebetah we dititu... da kumaha deui ceunah Sep... laina uing teu 
hayang babakti ka nagara... ngan nya eta euy... jelema siga uing kieu ripuh mun 
hirup di Indonesia... didieu uing asa leuwih ngeunah... infrastruktur kabeh 
alus ceunah... pendidikan keur budak oge leuwih asoy, jsb.

Salam Sersan ~ ngageleser dan santai... itung- refreshing hehehe... ulah serius 
teuing jeung abdi mah ngobrolna nya,
A

----- Original Message ----- 
  From: ever permadi 

  Yesus nyalira seueur ngabatalkeun hukum-hukum nu tos dianut ku umat Yahudi, 
sapertos disunatan, pan waleranana ge dina Gnosic Gospel: "mun enya disunatan 
aya mangpaatna, pasti pangeran tos nyiptakeun gagaduhan lalaki buleneng ti 
saprak lahir". Kumargi seueur hukum Yahudi nu dibatalkeun ku Yesus antugna 
ulama Yahudi teu tiasa toleran deui ka Yesus (kahirupan Yesus saalit pisan nu 
kacutat ku sajarah, sareng ku silsilah), komo harita mah Israel teh jajahan 
Romawi, sigana mah ulama-ulama Yahudi sieun katempuhan ku baruntakna Yesus.

  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke