Kangs n' Tehs, Tah eta sigana pamikiran rerencangan abdi pas di Singapur nyarita hehehe... soalna meureun manehna apal lain islam wae tapi samemehna oge Arab Semit nya tempatna Agama Yahudi, Kristen jeung Islam lahir ti baheula aya BUDAYA PAMALI ulah ngadahar BABI. Soalna naon di Hotel tempat abdi nginep abdi teu TEGA ngadahar babi hehehe... ari tinu penampakan na mah katinggalina sih sarua we jeung daging sapi ngan rada beureum jeung katinggalina mah lezat kitu hehehe... aya slice fork tea. Daripada abdi jaga asup Naraka nya geus weh... breakfast-na jeung omelet deui hehehe. Isukan nana ditungguan sugan aya daging sapi ... bedul teh daging babi deui wae hehehe... omelet deui wae.
Tah kunaon urang Karisten jsb... ngadamel Fatwa Tandingan... dimana ngadahar babi bisa ditebus tea hehehe... tah meureun harita lamun tea mah emang boga duit leuwih ... alias beunghar nya pek teuing rek dahar babi oge... asal boga keur meulina. Kitu meureun harita pamikiran Karuhun Urang Karisten teh. Upami numutkeun caritaan Ki Upu anu baheula ngotok ngowo di Belgia lila pisan... malahan mah pamajikan na oge urang belgia baheula... emang Karisten ieu teh...utamina mah Katolik ceunah bisa maju ku alatan ayana Kaum Protestan anu samacam oposisi lah upami dina papartaian mah :D. Siga di kampung abdi aya PAMALI oge... teu meunang Nyieun Imah Tingkat Bisi Kahuruan ceunah... tah dipikir-2 ku abdi kunaon tah fatwa jaman harita kitu para karuhun teh... soalna nya eta... kulantaran di P. Jawa pan eta gugusan gunung-2 ting jalegir jeung aktif pan... kitu deui Sumedang... tampomas pan pernah meledug harita... sigana imah-2 anu jararangkung oge tingkat jaman harita... ancur lebur kulantara gempa... harita sigana konstruksi-na teu acan sacanggih ayeuna... tapi imah panggung anu ngan satingkat leuwih tahan/ kuat... kumargi kitu dina raraga supaya pikahareupeun ulah dugika kajadian deui nya para karuhun ngadamel Fatwa Supaya Teu Meunang Ngadamel Imah Tingkat.... di bere weh singsieunan nya eta kahuruan. Atawa bisa jadi sih... teu menang imah tingkat eta oge siloka... teu meunang ngarasa leuwih luhur ti batur bisi kaduruk ku diri sorangan... da nya eta... mun asa pangluhurna pan asa aing tungtungna pan paluhur-2 jeung harmonisasi di lingkungan harita kaganggu... da anging Nu Maha Kawasa anu pang luhurna. Kondisi ayeuna... duka oge tah... kulantaran perkembangan Arsitektur di Indonesia oge nya salami ieu seueur anu teu ngalarapkeun Kaarifan Budaya Local... sapertos Gempa di Jogja tea... sigana upami dipaluruh konsep arsitektur tradisional jaman baheula jeung dikembangkeun meureun imah-na eta leuwih tahan gempa, jsb. Samodel Japon pan... maranehna didinya in order to survive nya ngalakukeun sagala rupa ulak ulik ngembangkeun macem-2 supaya bisa tahan sunami, gempa, jsb. Singapur ge siga kitu... kulantaran nagarana leutik... teu boga nanaon tapi hayang jadi Nagara The Best ceunah... jadi maranehna MOTEKAR dina Widang Services-na... karasa pisan emang nagarana mere SERVICE anu canggih ka para pangunjungna anu bakal ngagajih maranehna. Salam Pamali = Paman Ali ala Arab Semit, A ----- Original Message ----- From: Rahman To: [email protected] Sent: Wednesday, July 04, 2007 3:42 AM Subject: Babi Vs Sapi ;) - Re: Balasan: [Baraya_Sunda] sosiologi agama? --- In [email protected], Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Asana kantos dipadungdengkeun di milis sapalih perkawis ieu kang Asep, Bah Willy geura nu langkung apal. Nu abdi emut teh ti zazirah Arab mah teu aya babi ti kapungkurna oge, babi zaman harita saurna mung tiasa hirup di Eropa sareng China. Sabenerna mah lain Islam we anu 'ngaharamkeun'babi teh, sigana mah Islam ge nyokot tina sumber sejen, sabab agama Semit anu leuwih tiheula OGE ngaharamkeun babi. Agama Yahudi jeung Nasrani oge ngaharamkeun babi. . [Non-text portions of this message have been removed]
