> "A" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Taaah sigana ieu mah duka bener duka henteu hehehe... babi harita 
> emang di Arab mahal pisan kumargi kedah import ti Eropa atanapi ti 
> China meureun hehehe...

Kang A, Babi mah haram, tapi ari bagong mah duka teuing. Nu dimaksud 
Babi dina Kita Suci teh Babi nu mana? Babi piaraan atawa bagong? 
Bagong mah jelas moal hirup di tanah Arab nu sagara keusik, da sato 
ieu lingkunganana kudu loba cai (resep guyang). Kuring yakin urang 
Arab jaman baheula ukur nyaho aranna wungkul, ari nempo 
bungkeuleukanana acan tangtu. Miara Babi di Tanah Arab, komo jaman 
baheula, hiji pagawean nu matak riweuh sabab lingkunganana teu cocog. 
Jadi kamungkinan gede, urang Arab jaman baheula nyaho babi, ukur 
euceuk beja .... 

Nu matak lieur di urang aya Babirusa, ieu sato lain babi, ukur 
rurupaan luarna wungkul nu ngaharib-harib babi. Haram henteu ari 
babirusa? .... untungna teh babirusa lain sato domestik, tapi sato 
leuweung nu dilindungi. Coba lamun sato domestik, wah .... sigana 
debatna moal anggeus-anggeus .......

Baktos,
WALUYA



Kirim email ke