> ever permadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > tapi kabayang nya A, pami sadayana ageman ngaharamkeun babi > atanapi sapi, meureun mana teuing pabalatakna ieu sato, paling > nungguan paeh atawa dipaehan ku jelema teras meureun pasti seueur > > pisan kuburanana, he he he.
Kang Ever, bagong di lembur urang hama, kitu deui di tempat sejen nu padumukna mayoritas Muslim. Tapi bagong lain hama di Bali jeung MInahasa, tong boro jadi hama, hayang nempo bungkeuleukanana oge kudu ka kebon binatang ....hehehehe. Bagong geus ampir erep di Bali jeung Minahasa iwal di leuweung nu masih geledegan. Beda jeung di Lembur urang, sataun kamari aya warta nu ngabejakeun nu nyeuseuh di Sisi Walungan di Depok disuruduk bagong .... Di daerah Transmigrasi, hama bagong nyieun masalah gede, ngarusak tatanen, da lobana bisa tepi ka puluhan. Jadi hama, sabab kurang usaha dina maehan bagong, da puguh tara didahar jeung deuih ieu sato lumayan galak. Ieu beda jeung transmigran ti Bali nu lamun manggih bagong teh dibeberik tepi ka beunangna. Umumna lahan Transmigrasi nu dieusi urang Bali, hama bagong kurang (atawa teu aya pisan). Urang Bali ge sok nyieun pakumpulan tukang moro bagong. Sok diarondang ku transmigran Muslim disina moro, lumayan ..... daging meunang jaba diburuhan ... Baktos, WALUYA
