--- In [email protected], "Maria Astati" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>

> Tapi didieumah abdi jadi beuki ning kana becon hehehe.., ngan sanes 
> becon babi tapi becon kalkun hehehe..
> 

Teh M,

Can beres dongeng tadi teh, aya sambunganana. Enya... dahar babi deui!
Ngan anu ieu mah lain salah kuring sorangan, salah babaturan.

Barang kuring indit ka NL dititah masantren di NL. Kuring kabeneran
ngabring genepan, tili lalaki, tilu awewe.

Kuring kabeneran saapartemen jeung batur kuring lalaki saangkatan di
pasantren JKT na. Kulantaran saapartemen, malah satingkat, kuring teh
sok masak bagilir jeung maneh na. Mun kabeneran kuring aya kuliah
sore, manehna henteu. Manehna kabagean masak, jeung sabalikna.

Hiji mangsa, manehna kabagean masak. Ma'lum lapar... habek weh dahar
bareng. Menu na: sangu, sayuran jeung oseng2 daging. 

Rengse dahar, kuring nanya... daging naon eta teh? Ari jawab batur
kuring eta teh daging kelenci. 

Kuring rada kerung oge, naha daging kelenci bet loba kitu. Jeung
tulang talengna kamana deuih?

'Enya... daging kelenci, tah... menang meuli ti tukang daging teu jauh
ti dieu', ceuk manehna.

Nyacapkeun kapanasaran. Lantaran toko daging tea kaliwatan jeung
kabeneran boga pelajaran sarua, kuring jeung batur kuring laha-loho ka
eta toko.

'Tah... eta daging anu dibeuli kamari teh', ceuk manehna. "Tuh pan
make tulisan 'haas'.

Kuring ngagebeg oge, sabab enya aya tulisan 'haas'. Tapi dina basa NL
'haas'hartina bisa 'kelenci liar'... bisa oge 'bagean tertentu daging
babi'.

Barang ditanyakeun teh, bener we... LAIN daging kelenci. Beda jeung
jeung reaksi kuring waktu di JKT... Barakatak teh kuring seuri
babarengan jeung batur kuring mani akey2an.

Tukang daging mah ukur molohok... teu ngartieun! He he he...

baktos,

Rahman

Kirim email ke