Dina minggu ieu kuring maca hiji artikel ti ahli sajarah LIPI jeung maca 
posting di millis sabeulah ti Mahasiswa FIB-UI. Nada tulisanana ampir sarua, 
eta perkara  kudeta G30S. Sakanyaho kuring hartina KUDETA teh ngagulingkeun 
pamarentah anu sah. Tah lamun kitu G30S teh rek ngagulingkeun/ ngarebut 
pamarentah nu sah. Ari pamaretah nu sah jaman harita, Presidenna Bung Karno. 
Tapi Anehna Bung Karno sok dituduh terlibat G30S/PKI. Jadi Bung Karno 
"ngudeta" diri sorangan?

Baheula mah, kuring percaya we, kana buku palajaran sajarah teh. Tapi 
ayeuna, komo sanggeus maca tulisan ti mahasiwa UI nu nadana ngagugat da 
ngarasa dibobodo ku palajaran Sajarah,  kuring kakara sadar, yen di taun 
1965 teh kajadianana sigana teu saperti nu ditulis dina palajaran sajarah. 
Loba manipulasi jeung ngabelokkeun AKAL SEHAT/ LOGIKA, moal enya aya 
presiden ngudeta diri soranganana?

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke