--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Mudah-mudahan we, tragedi kamanusaan di taun 1965/1966 teh ulah > kaalaman deui ku bangsa urang .... >
Kang, Mangkana ceuk kuring ge... ulah kaalaman deui rerevolusian. Sagala rupa anu disebut revoluis mah sok ngorbankeun rahayat leutik. Da ari gegeden na mah sok ucang angge! Mun bisa mah mun hayang ngarobah situasi, sabisa2 diadurenyomkeun heula bae. Cik urang nyawang ka tukang. Mao geus nyieun korban rahayat mangjuta2 bari teu puguh salah bener na. Tujanana cenah hayang 'ngama'murkeun' rahayat. Ari pek teh kalah balangsak.... Ayeuna sistem pamarentahan Cina malik deui kana kaayaan samemeh revolusi. Anu ngaganjel dina pikiran kuring... jang nanahaon eta KORBAN atawa TUMBAL revolusi teh? Karunya... jadi korban bari euweuh hartina! :((( Kitu oge korban kabarangansan dulur urang jaman Soeharto. Nepi ka ayeuna tacan kaitung jumlah jamleh na! :((( Baheula teu jauh ti imah aya anu disebut KAM. Tempat tahanan PULITIK. Jelema anu ditahan di dinya teh anu disebut PKI golongan C. Lolobana patani ti pilemburan anu teu nyaho urusan pupulitikan! Untung teu aya nu dipareuncitan. Ngan dongeng maranehna (sok ka masjid di gigreun imah anu disupiran ku pun Bapa)sok nyabit2 kabiadan bangsa urang. Loba kulawarga na anu dipareuncitan cenah. Teuing... ieu ge dongeng ti pun Bapa ka kuring. Harita mah masih keneh leutik kuring na. baktos, Rahman
