> "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> jelas waktu aya kaributan seueur anggota NU anu diperlaya ku PKI
> kaasup saderek abdi di Jawa Timur....dipeuncit kawas hayam....Tina 
> strategi mah PKI nya naon deui atuh salian ti hebat....

Bah, ari kuring mah nampi informasi malah sabalikna, cenah PKI nu 
seueur jadi korban. Kabeneran kuring kungsi asruk-asrukan di Jawa 
Timur di taun 1980'an. Seueur dongeng nu "sabalikna". Salah sahiji 
dongeng malah ti Tantara sorangan, da kuring harita nganjrek di imah 
manehna nu dinesna di kantor Koramil. Ceuk manehna waktu jaman eta, 
manehna dines di Banyuwangi. Unggal subuh manehna ngabringkeun tawanan 
PKI ka sisi walungan terus dibikeun ka rahayat mu geus narungguan. 
Geresel-geresel weh dipeuncitan, mayitna dialung-alungkeun ka 
walungan. Pa S, nu harita pangkatna serma, ngadongengna teh datar we, 
siga nyaritakeun nu meuncit hayam ngan kuring jadi ngabirigidig ...

Kuring oge boga sobat, aslina urang Jombang, adi-lanceuk nu umurna 
saluhureun kuring, jadi waktu jaman PKI, maranehna geus rumaja malah 
lanceukna mah geus mahasiswa ITB. Dua dulur ieu lamun ngadongeng soal 
kajadian di taun 1965/1966, sok "sabalikna" wae. Malah adina mah cenah 
kungsi ningali susu awewe nu disangka Gerwani, dipotong ....

Di Bali oge kitu. Di taun 1981, kuring nganjrek di losmen di Negara 
ampir 2 bulan. Nu boga losmen teh agul pisan, sabab dina tembok 
losmenna, aya urut pelor sabaraha hiji. Ceuk manehna, di taun 1965, 
tembok losmen teh tempat anggota PKI dijengjrengkeun, terus ditembak 
(dieksekusi).

Keur kuring, nu ditaun 1965/1966 kakara kelas 4 SD, jeung di lembur 
euweuh kajadian nanaon, ditambah dibejaan yen PKI teh telenges, 
dongeng-dongeng ieu ngabingungkeun. Untungna teh Gus Dur, lamun teu 
lepat mah, kungsi nyebatkeun yen bener kaum Nahdiyin kungsi ulubiung 
(dihucuhkeun tantara) dina tragedi ieu. Jadi rada jelas, kunaon di 
Jawa Tengah/ Timur loba dongeng2 nu "sabalik"na tinu katarima ku 
kuring waktu kuring keur budak/ sakola keneh.

Mudah-mudahan we, tragedi kamanusaan di taun 1965/1966 teh ulah 
kaalaman deui ku bangsa urang ....
 
Baktos,
WALUYA






  






Kirim email ke