Leres eta kitu teh ti PKI langkung ageung korban na dibabat pokona..tapi anu ngeunaan ka anggota Islam teh ngan kajadian sakitar tanggal 29,30,1 Oktober...jadi can loba... Tapi saatos kanyahoan markasna di Lubang buaya nepi ka detil...aya aliran balas dendam utamina ti golongan Islam...Di pasuruan ay razia ti golongan Pemuda Ansor...anu matak ngabirigidg dialaman ku batur kuliah abdi.....panumpang beus dirazia....ditest Syahadat mung ngaku Islam..mun teu tiasa bret di clurit beuheung...Di Srabaya sabalikna..eta pamuda Cina alalakrab jrung anggota KKo...nyobat..foto bersama bari nyekel AK-47...Di Boyolali..rerencangan ti Mahawarman aya nu dicandak latihan ku PM....golongan anu hoyong balas dendam ku tangtara dipasihan saragam loreng sareng nyekel bedil..tangtara asli nggeus carape marake sarung loba sare...padahal diditu teh eta maehan jelema BTI,PKI,Gerwani......
On 2/6/08, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > jelas waktu aya kaributan seueur anggota NU anu diperlaya ku PKI > > kaasup saderek abdi di Jawa Timur....dipeuncit kawas hayam....Tina > > strategi mah PKI nya naon deui atuh salian ti hebat.... > > Bah, ari kuring mah nampi informasi malah sabalikna, cenah PKI nu > seueur jadi korban. Kabeneran kuring kungsi asruk-asrukan di Jawa > Timur di taun 1980'an. Seueur dongeng nu "sabalikna". Salah sahiji > dongeng malah ti Tantara sorangan, da kuring harita nganjrek di imah > manehna nu dinesna di kantor Koramil. Ceuk manehna waktu jaman eta, > manehna dines di Banyuwangi. Unggal subuh manehna ngabringkeun tawanan > PKI ka sisi walungan terus dibikeun ka rahayat mu geus narungguan. > Geresel-geresel weh dipeuncitan, mayitna dialung-alungkeun ka > walungan. Pa S, nu harita pangkatna serma, ngadongengna teh datar we, > siga nyaritakeun nu meuncit hayam ngan kuring jadi ngabirigidig ... > > Kuring oge boga sobat, aslina urang Jombang, adi-lanceuk nu umurna > saluhureun kuring, jadi waktu jaman PKI, maranehna geus rumaja malah > lanceukna mah geus mahasiswa ITB. Dua dulur ieu lamun ngadongeng soal > kajadian di taun 1965/1966, sok "sabalikna" wae. Malah adina mah cenah > kungsi ningali susu awewe nu disangka Gerwani, dipotong .... > > Di Bali oge kitu. Di taun 1981, kuring nganjrek di losmen di Negara > ampir 2 bulan. Nu boga losmen teh agul pisan, sabab dina tembok > losmenna, aya urut pelor sabaraha hiji. Ceuk manehna, di taun 1965, > tembok losmen teh tempat anggota PKI dijengjrengkeun, terus ditembak > (dieksekusi). > > Keur kuring, nu ditaun 1965/1966 kakara kelas 4 SD, jeung di lembur > euweuh kajadian nanaon, ditambah dibejaan yen PKI teh telenges, > dongeng-dongeng ieu ngabingungkeun. Untungna teh Gus Dur, lamun teu > lepat mah, kungsi nyebatkeun yen bener kaum Nahdiyin kungsi ulubiung > (dihucuhkeun tantara) dina tragedi ieu. Jadi rada jelas, kunaon di > Jawa Tengah/ Timur loba dongeng2 nu "sabalik"na tinu katarima ku > kuring waktu kuring keur budak/ sakola keneh. > > Mudah-mudahan we, tragedi kamanusaan di taun 1965/1966 teh ulah > kaalaman deui ku bangsa urang .... > > Baktos, > WALUYA > > > [Non-text portions of this message have been removed]
