On 03/02/2008, Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Maksad teh abdi nyambungkeun kana caritana Kang Asep, perkawis proyekna..,
intinamah panginten bank konvensional ge teu salamina ngarugikeun nasabah,
kawas kasus jandela abdi, abdi teu ngaraos dirugelkeun ku bankna, malahmah
diuntungkeun.

Leres katawisnamah siga ical galeuh.., tapi tetep ngangge perantara bank..,
da abdi ke naurna kedah ka bank, sanes ka perusahaan jandela.., engke pas
naurna, tiasa oge dijantenkeun morgage.., enya ari kahoyongmah dilunasan
sakantenan, meh teu gaduh hutang hehehe, kalah kumaha oge.., langkung tibra
sare pami teu gaduh hutangmah hehehe...

Dugi ka ayeuna nu ku abdi katangkep mah, bentenna antawis bank konvensional
sareng bank syariah teh kulantaran Ijab Qobulna hungkul, emut saur kang Dian
kapungkur.., nu utamimah kulantaran ameh cicisna Halal sanes?


#
Oh manawi teh pausahaan jandelana anu nawisan ical galeuh sacara nyicil.
Rupina abdi lepat hartos.
Tapi da dina kasus Teh Maria mah pan teu aya bunga, sanes? Janten nya teu
aya masalah. Sae we nu aya pami aya bank biasa anu teu nerapkeun bunga :-)
Pami ti jaman baheula sakabeh bank teu nerapkeun bunga kitu mah atuh nya
sadayana oge atoh.

Leres dina ijab qobul teh ngandung hal-hal penting anu aya kaitanana sareng
transfer hak, kawajiban, oge resiko. Nuhun parantos diemutan deui perkawis
ieu.

Upamana kieu:
Lamun urang ijab qobul ical-galeuh sareng bank, urang nganggap nu ngical
barang/bumi teh si bank, janten pami aya nanaon, bank anu ku urang anggap
bakal tanggel waler ngeunaan barang eta. Bank nu tanggung jawab masihan
garansi atanapi naon-naon anu kaserat dina seseratan nu nyarengan barang.
Sanaos engkena bank bakal miwarang developer nu migawe komplain urang, tapi
hal eta teh tos ngalih janten tanggung jawab bank.

Sedengkeun lamun urang nambut artos ka bank pikeun ngagaleuh hiji
bumi/barang, tapi barangna mah digaleuh ti developer, mangka urang teu tiasa
komplain nanaon ka bank. Da urusan sareng bank mah ngan ukur perkawis
mayaran artos.

Leres taya bentenna lamun barang urang teu masalah, mayarna teu masalah,
developer teu masalah. Tapi lamun aya masalah barang, terus developerna teu
tanggung jawab, pan urang teu tiasa nanaon iwal ti ngadu ka pangadilan.

Dina skema urang sareng bank ngalakukeun ijab-qobul ical galeuh, lantaran
bank tos janten pihak nu nanggung jawab kana barang, mangka bank nu kedah
ngusahakeun cara sanes pikeun ngawaler komplain urang.

Salam,
Dian.


[Non-text portions of this message have been removed]

Reply via email to