--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> enya loba pisan pitapakna perkara artistik mah kang euy. salian ti
angklung,
> pan aya deuih batik. geuning unggal wewengkon boga kelir batik
> sewang-sewangan.
> 

Tah enya bener Kang MH, 

Seni batik teh mungkin hiji2 na karya seni urang anu otentik? Tina
segi desain jeung teknik mah onjoy pisan lebah babatukan eh...
babatikan mah. Bangsa sejen oge loba nu nurutan. 

Urang NL nyieun industri batik (mending sebut we industri babatikan!)
anu kawilang badag. Hasil na? Dipasarkeun di Afrika!!! Urang Afrika
raresepeun pisan kana motif batik made in NL. Ceuk beja mah, mas kawin
urang Afrika tanpa batik dianggap teu sah! :)))

Anu dipikahanjakal teh, ku bangsa urang sorangan seni batik dianggap
teu boga ajen! Sok tempo bae fakta na, industri batik siga keur
sakarat. Kudu na mah urang ngarasa reueus kana batik teh. Tapi bet
siga pahare2 geuning? Pangsa pasar pakean batik ngan ukur keur kolot?
Ari budak ngora, kumaha apresiasi na kana batik nya? Botak...
mikiranana euy? ;))

baktos,

Rahman 

Kirim email ke