On Sat, May 17, 2008 at 5:09 PM, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > enya loba pisan pitapakna perkara artistik mah kang euy. salian ti
> angklung,
> > pan aya deuih batik. geuning unggal wewengkon boga kelir batik
> > sewang-sewangan.
> >
>
> Tah enya bener Kang MH,
>
> Seni batik teh mungkin hiji2 na karya seni urang anu otentik? Tina
> segi desain jeung teknik mah onjoy pisan lebah babatukan eh...
> babatikan mah. Bangsa sejen oge loba nu nurutan.
>
> Urang NL nyieun industri batik (mending sebut we industri babatikan!)
> anu kawilang badag. Hasil na? Dipasarkeun di Afrika!!! Urang Afrika
> raresepeun pisan kana motif batik made in NL. Ceuk beja mah, mas kawin
> urang Afrika tanpa batik dianggap teu sah! :)))
>
> Anu dipikahanjakal teh, ku bangsa urang sorangan seni batik dianggap
> teu boga ajen! Sok tempo bae fakta na, industri batik siga keur
> sakarat. Kudu na mah urang ngarasa reueus kana batik teh. Tapi bet
> siga pahare2 geuning? Pangsa pasar pakean batik ngan ukur keur kolot?
> Ari budak ngora, kumaha apresiasi na kana batik nya? Botak...
> mikiranana euy? ;))
>

kang RH, ari ceuk uing mah masalahna bangsa urang teh: loba kreasi, ngan teu
pati bisaeun dagang,  kang euy. ninggali di lembur tatangga mah, proses
ngabatik teh dijadikeun pintonan keur turis kang euy. turis raresesepeun
ninggali kumaha carana ngabatik, malah manehna bisa nyobaan sorangan. bisaan
euy batur mah, produksi batik teh disinergikeun jeung program wisata.

salam,
mh


[Non-text portions of this message have been removed]

Reply via email to