Enya meureun, can wani... Sok we terus papanas kitu, susuganan  jaga
laksana... Kitu kahoyong teh?

Kuring lain rek melaan FPI. Tapi, dina sakabeh kajadian, anu katengetan ku
kuring, FPI boga wae alesan, najan pikeun nu sejen & nurutkeun hukum positif
mah tetep teu cukup alesan & maen hakim sorangan. Misalna masalah Gereja,
alesanana sabab teu boga ijin. Soal Ahmadiyah, pan geus puguh disebut Islam
nu sasab. Warung diburak-barik, make alesan ngajual miras. Kitu tah... Lamun
disebut 'ngamangpaatkeun' tea mah, tah maranehna teh ngamangpaatkeun alesan2
nu kararitu. Balukarna, masarakat ge jadi marojengja & midua. Di hiji sisi
masarakat ngadukung ketak antimaksiatna, tapi di sisi sejen masarakat oge
soak nempo kalakuanana anu mindeng anarkis & kasar anu dina tipi
dipintonkeun kalawan vulgar.

On Thu, Jun 5, 2008 at 3:05 AM, Rahman wrote:

>    Encan meureun Kang! Can wanieun... sigana mah sabab bakal males.
> Konflik antar agama mah leuwih paciweuh. Ngan bukti na ngarah ka dinya
> geus aya, tong boro nu kangaranan gareja, dalah MASJID heueuh masjid
> Ahmadiyah ge pan diduruk lin?
>
> Kuring pernah maca (dipostingkeun oge di dieu), loba panganut agama
> Kristen Teu WANI ibadah digareja, lumpat ibadah di Mall! Nu rek nyieun
> gareja ge pan dihalangan cenah!
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke