----- Original Message ----- 
  From: Dian Nugraha 
  To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, June 13, 2008 4:54 AM
  Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: Anu mungkar jeung anu mungkir?


  Perkara wewenang ieu, lamun dilaksanakan kalawan bener mah sadayana bakal
  sugema.

  Tapi masalahna saur Habib Rizieq, yen ngaburak miras judi sareng maksiat teh
  dilakukeun lantaran:
  - aya laporan ti masyarakat
  - tos dilaporkeun ku pulisi
  - dina jeroning waktu nu tangtu (sabulan, dua bulan) henteu aya tindakan ti
  kapulisian.

  Panginten tiasa dibayangkeun kumaha lamun aya POTENSI bahaya di sagedengeun
  imah, tapi urang teu migawe nanaon atanapi nu berwenang teh caricing bae
  komo dina jeroning mangbulan-bulan?

  Sakali deui, perkawis ngarusak tempat ibadah sareng ngagebugan batur, abdi
  sapuk yen eta mah geus kaleuleuwihi. Cerek wae tong ampun-ampun. Tapi
  perkawis ngaburak miras, judi, sareng maksiat. Abdi tiasa nolerir asalkan
  memang kaayaanana kapaksa saperti di luhur.

  Langkung ideal lamun nu BERWENANG tiasa langkung ngajegkeun hukum.

  Lamun anu berwenang henteu tegas, hal ieu dilematis pikeun kanu taat hukum
  - ngantepkeun kajahatan, diri bakal cilaka
  - ngaburak kajahatan ku sorangan, dianggap panjahat oge

  Salam,
  Dian.

  2008/6/12 Rahman <[EMAIL PROTECTED]>:
  --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, "H
  Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Tah eta bentenna ngabantuan (janten idena Pulisi) atanapi ngarebut
  hukum ku
  > sorangan. Tapi tina cara ngomongna ayeuna anu ngatur Nagara sanes

  Nyambung deui perkara 'babantu'na FPI tea. Anu jadi pajuriwet mah
  masalah KAWENANGAN. Pan aya istilah anu hade di urang ge... sagala
  rupa urusan kudu diserahkeun ka nu BERWENANG. Ari FPI boga kawenangan
  naon make hayang milu cakah cikih urusan kapulisian?

  Kuring boga conto siga kieu:

  Mun kuring jadi satpam di hiji rumah sakit, tangtu na oge tugas jeung
  wewenang kuring ngamankeun RS eta. Tapi kulantaran kuring oge hayang
  milu nyehatkeun pasen, gurudug kuring ka ruang OK... rek MILU
  ngoperasi jeung dokter ahli bedah! Pan lieeeeer lin? he he he....

  Atawa conto nu sejen na. Mun di Jerman kelompok neonazi ngayakeun
  sweeping manusa ilegal.... digebugan bari dititah balik ka nagara na.
  Alesanana hayang MANTUAN pulisi cenah! Kumaha tah? Lieur oge sigana mah?

  Kalakuan FPI atawa kelompok mana wae anu siga kitu teu bisa ditolerir
  di nagara hukum mah.

  baktos,

  Rahman

  [Non-text portions of this message have been removed]



   


------------------------------------------------------------------------------


  No virus found in this incoming message.
  Checked by AVG. 
  Version: 7.5.524 / Virus Database: 270.3.0/1500 - Release Date: 12/06/08 4:58 
PM


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke