Tah eta bentenna ngabantuan (janten idena Pulisi) atanapi ngarebut hukum ku
sorangan. Tapi tina cara ngomongna ayeuna anu ngatur Nagara sanes SBY +
JK..tapi mun diacara TV anur ngalaksanakeun pangaturan di lapangan teh FPI,
Habib Rizieq, Munarman, AKKBB, Kontras, Aliansi Perempuan, jrrd..anu beda
carana...Demo jeung gebug...........

On 6/11/08, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Sae definisina kang. Kitu oge anu katingal ku abdi ti definisi + standar
> prosedur pa Habib Rizieq.
>
> Abdi masih tiasa nampi nalika FPI 'ngabantuan' pulisi ngobrak-abrik tempat
> maksiat, judi, sareng mabok.
> Tapi kalebet kaleuleuwihi nalika ngaruksak tempat ibadah batur.
>
> Salam,
> Dian.
>
> 2008/6/11 Rahman <[EMAIL PROTECTED] <rsyaifoel%40yahoo.com>>:
>
> >
> > Ari definisi 'kamungkaran'anu kumaha nya Kang D?
> >
>
> Rek hutbah saeutik, ngarahulkeun definisi 'mungkar'tea.
> Baheula keur jaman sok nyorogkeun, kuring boga guru anu rada MUKA.
> Nerangkeun masalah kamungkaran siga kieu:
>
> Dina agama atawa kaimanan teh aya dua dimensi. 1.Hubungan vertikal
> manusa jeung Pangeran (habluminallah), jeung 2. hubungan horizontal
> papada MANUSA (hablumminannaas).
>
> Hubungan manusa jeung Pangeran mah sifat na pribadi jeung langsung,
> tanpa perantara. Dina dimensi ieu, ceuk guru kuring tea, MOAL aya anu
> disebut mungkar. Sabab na? Pangeran mah pan sok disebut MAHA Kawasa.
> Manusa MOAL bisa ngamungkaran Pangeran.
>
> Anu disebut MUNGKAR mah AYA dina tataran dimensi ka dua. Manusa
> NGALAKUKEUN kamungkaran ka manusa deui! Ngantep jalma kalaparan eta
> teh pagawean mungkar. Nganyeyeri batur eta teh pagawean mungkar.
> Singget na, sagala pagawean anu ngadoreksakeun manusa (istilah anu
> dipake na ge MANUSA sacara umum, lain istilah muslim misal na!)sejen
> na, kaasup kana pagawean mungkar.
>
> Amar ma'ruf nahi mungkar. KUDU didefiniskeun dina ieu pola.
>
> Kitu cenah, ceuk guru kuring mah.
>
> baktos,
>
> Rahman
> bet kawas jadi hotib euy he he he....
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke