Aya anu kalangkunag...ari masalah hukum mah..masalah aturan aen....anu
ngalanggar aturan maen..sakumaha jastifikasina oge ( ti sisi sosial, sisi
agama, sisi sekuritas, sisi pulitik)...tetep teu tiasa dibenerkeun. Ngan aya
hiji anu tiasa ngalereskeun tindakan diluar hukum nyaeta premanisme. pan di
Pangadilan mah moal ningali saba na, tapi ngan ningali kajdian sareng
akibatna...

On 6/13/08, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Perkara wewenang ieu, lamun dilaksanakan kalawan bener mah sadayana
> bakal
> sugema.
>
> Tapi masalahna saur Habib Rizieq, yen ngaburak miras judi sareng maksiat
> teh
> dilakukeun lantaran:
> - aya laporan ti masyarakat
> - tos dilaporkeun ku pulisi
> - dina jeroning waktu nu tangtu (sabulan, dua bulan) henteu aya tindakan ti
> kapulisian.
>
> Panginten tiasa dibayangkeun kumaha lamun aya POTENSI bahaya di sagedengeun
> imah, tapi urang teu migawe nanaon atanapi nu berwenang teh caricing bae
> komo dina jeroning mangbulan-bulan?
>
> Sakali deui, perkawis ngarusak tempat ibadah sareng ngagebugan batur, abdi
> sapuk yen eta mah geus kaleuleuwihi. Cerek wae tong ampun-ampun. Tapi
> perkawis ngaburak miras, judi, sareng maksiat. Abdi tiasa nolerir asalkan
> memang kaayaanana kapaksa saperti di luhur.
>
> Langkung ideal lamun nu BERWENANG tiasa langkung ngajegkeun hukum.
>
> Lamun anu berwenang henteu tegas, hal ieu dilematis pikeun kanu taat hukum
> - ngantepkeun kajahatan, diri bakal cilaka
> - ngaburak kajahatan ku sorangan, dianggap panjahat oge
>
> Salam,
> Dian.
>
> 2008/6/12 Rahman <[EMAIL PROTECTED] <rsyaifoel%40yahoo.com>>:
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com 
> <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com><Baraya_Sunda%
> 40yahoogroups.com>, "H
> Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Tah eta bentenna ngabantuan (janten idena Pulisi) atanapi ngarebut
> hukum ku
> > sorangan. Tapi tina cara ngomongna ayeuna anu ngatur Nagara sanes
>
> Nyambung deui perkara 'babantu'na FPI tea. Anu jadi pajuriwet mah
> masalah KAWENANGAN. Pan aya istilah anu hade di urang ge... sagala
> rupa urusan kudu diserahkeun ka nu BERWENANG. Ari FPI boga kawenangan
> naon make hayang milu cakah cikih urusan kapulisian?
>
> Kuring boga conto siga kieu:
>
> Mun kuring jadi satpam di hiji rumah sakit, tangtu na oge tugas jeung
> wewenang kuring ngamankeun RS eta. Tapi kulantaran kuring oge hayang
> milu nyehatkeun pasen, gurudug kuring ka ruang OK... rek MILU
> ngoperasi jeung dokter ahli bedah! Pan lieeeeer lin? he he he....
>
> Atawa conto nu sejen na. Mun di Jerman kelompok neonazi ngayakeun
> sweeping manusa ilegal.... digebugan bari dititah balik ka nagara na.
> Alesanana hayang MANTUAN pulisi cenah! Kumaha tah? Lieur oge sigana mah?
>
> Kalakuan FPI atawa kelompok mana wae anu siga kitu teu bisa ditolerir
> di nagara hukum mah.
>
> baktos,
>
> Rahman
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke