--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Tah eta bentenna ngabantuan (janten idena Pulisi) atanapi ngarebut
hukum ku
> sorangan. Tapi tina cara ngomongna ayeuna anu ngatur Nagara sanes 

Nyambung deui perkara 'babantu'na FPI tea. Anu jadi pajuriwet mah
masalah KAWENANGAN. Pan aya istilah anu hade di urang ge... sagala
rupa urusan kudu diserahkeun ka nu BERWENANG. Ari FPI boga kawenangan
naon make hayang milu cakah cikih urusan kapulisian?

Kuring boga conto siga kieu:

Mun kuring jadi satpam di hiji rumah sakit, tangtu na oge tugas jeung
wewenang kuring ngamankeun RS eta. Tapi kulantaran kuring oge hayang
milu nyehatkeun pasen, gurudug kuring ka ruang OK... rek MILU
ngoperasi jeung dokter ahli bedah! Pan lieeeeer lin? he he he....

Atawa conto nu sejen na. Mun di Jerman kelompok neonazi ngayakeun
sweeping manusa ilegal.... digebugan bari dititah balik ka nagara na.
Alesanana hayang MANTUAN pulisi cenah! Kumaha tah? Lieur oge sigana mah?

Kalakuan FPI atawa kelompok mana wae anu siga kitu teu bisa ditolerir
di nagara hukum mah.

baktos,

Rahman

Kirim email ke