--- In [email protected], enan wahyudin <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> 
>  
> Numutkeun Teori Penciptaan :
> Sakabeh mahluk anu aya di alam dunya (tur nu di luar dunya) kabeh 
oge aya anu nyiptakeun. Hal ieu kabuktikeun tina panalungtikan para 
elmuwan anu beuki lila beuki loba boh dina widang biologi, fisika, 
oge dina widang genetika.
>  

Haturan Kang EW,

Sok ah... urang padungdengkeun! Urang peuntaskeun antara evolusi 
jeung kreasi, ngarah rame! :))

Coba sebutkeun elmuwan mana anu ngadukung kreasi? Bukti2 na mana, 
sacara biologis, fisika jeung genetika yen manusa oge barang2 sejen 
na DICIPTAKEUN ku Pangeran? Enya... BUKTI na Kang! Panasaran oge 
tah... :))

Ke heula ketah.... 

Lengkah kahiji heula:

Aya kitu bukti na Pangeran? Kumaha kudu ngabuktikeunana yen Pangeran 
teh AYA alias eksis? Kuring mah TEu bisa ngabuktikeun, ngan saukur 
PERCAYA wungkul. DA ari bukti mah kudu bisa dirarampa lin? Ari 
kangaranan bukti mah kudu logis: aya sabab jeung akibat.

Lengkah kadua: 

Kumaha cara na Pangeran nyieun jelema? Diemple2 tina taneuh tea, 
terus ngajurungkunung hirup? Kumaha cara na NGABUKTIKEUN ieu proses 
Kang? Sacara ilmiah?

Teu karampa ku akal kuring rek ngailmiahkeun kreasi mah. Kuring mah 
sacara fisik leuwih cocog kana evolusi. Lebah kreasi keur kuring mah 
LAIN jawaban ilmiah, tapi sakadar KAYAKINAN.

Aneh?... Ah heunteu, dua2 na keur kuring bisa sajalan. Sabab domain 
na beda2!:)) 

baktos,

Rahman


Kirim email ke