--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> 1. Dipundut kunu KAGUNGAN (Agama/ kayakinan)
> 2. Gering, kulantaran typhus (Elmu pangaweruh/ elmu kedokteran).
> 
> 

Kang W,

Alus pisan conto teh euy! :)) Miluan ah... meungpeun keur nyambung.

Mun sacara agama urang nganggap yen hirup jeung paeh manusa teh milik 
Pangeran, anu nyiptakeun jeung anu boga hak narik ciptaanNA deui. 
Cikan kumaha deuih proses na Pangeran maehan deui hiji manusa? Kumaha 
buktina sacara fisik?

Cenah mah aya malaikat tukang cabut huntu eh... nyawa. Kumaha 
prosedur baranggawe eta malaikat teh? Mun hiji jelema paeh katabrak 
kareta, pan katempo sacara fisik... eta jelema teh paeh na KULANTARAN 
otakna teu 'berfungsi'deui. Sirah na pan katempo ancur? Coba we 
adukeun jeung buktikeun.... kumaha eta sakadang malaikat teh gawena? 
Pan hese neangan buktina mah. Ngan anu jelas, sabage jelema anu IMAN 
tea, ah... percaya we. Eta malaikat teh boga tugas nyabutan nyawa 
cenah.

Mun hiji jelema paeh deuih alatan malaria atawa aids, kudu kumaha 
deuih ngabuktikeun musabab na sacara kayakinan? Sacara evolusi mah 
JELAS kacida!

Puguh rada curinghak oge barang maca beja ti Kang EW. Cenah aya 
ilmuwan anu bisa ngabuktikeun kreasi tea sacara biologi, fisika jeung 
genetika! Halah.... panasaran pisan kuring mah. :)) Biologi, fisika 
jeung genetika (sabage elmu) teh mangrupa HASIL tina mucunghulna 
teori evolusi! Kang Darwin mimiti nulis ieu teori ALATAN nempo beda 
fisik manuk anu sarua!!!! Kumaha etah?

Dina elmu biologi pan aya Linnaeus geuning, coba sambungkeun jeung 
pikiran Kang Darwin lin? Apal keneh teu?:))

baktos,

Rahman





Kirim email ke