> From: Rahman
> Aneh?... Ah heunteu, dua2 na keur kuring bisa sajalan. Sabab domain
> na beda2!:))

Nambahan kanggo kang Enang Wahyudin. Sigana perkara penciptaan sareng 
evolusi teu kudu diadukeun, saperti disebatkeun ku kang RH  sabab domainna 
beda. Kieu atuh gampangna mah, urang make analogi anu maot. Tangtu aya 
patarosan kunaon eta jalma teh maot. Jawabna aya 2(dua):

1. Dipundut kunu KAGUNGAN (Agama/ kayakinan)
2. Gering, kulantaran typhus (Elmu pangaweruh/ elmu kedokteran).

Jawaban kahiji, bener jeung mutlak, teu bisa didebat. Ari jawaban nu kadua, 
bener oge, ngan relatif benerna sabab bisa wae dokter salah diagonostik, 
loba nu disangka kaserang typhus, padahal kaserang Demam berdarah. Jawaban 1 
jeung jawaban 2 teu kudu diadukeun da domainna beda, antara kayakinan jeung 
elmu pangaweruh. Hal nu sarua antara Penciptaan jeung teori evolusi. Timana 
mangkeluk kumelendang di dunya? Kulantaran diciptakeun kunu Maha Kawasa 
(bener). Tapi umpama dijawab mangkeluk mucunghul akiibat proses evolusi 
ratusan juta taun, bener oge sabab loba bukti-bukti anu nguatkeun, lir 
ibarat dokter nu nyebatkeun ieu jalma teh maot kulantaran kuman typhus dina 
beuteungna.Saperti oge diagnostik dokter, teori evolusi oge relatif benerna, 
lamun kapanggih bukti-bukti anu anyar, teori ieu dibebener disaluyukeun 
jeung bukti-bukti nu anyar kapanggih.

Naha teori evolusi aya gunana keur manusa, saperti elmu kedokteran? Tanggtu 
we aya, nu paling kaciri dina Elmu Lingkungan (Ekologi/ Enviromental 
Science). Ieu elmu basisna sabenerna prinsip dasar Teori Evolusi: Mangkeluk 
salawasna nyaluyukeun dirina jeung lingkungan supaya tetep langgeng, lamun 
teu bisa  jenis mangkeluk ieu bakal tumpur. Darwin salian disebut pelopor 
Teori Evolusi, tapi oge sering disebut "Bapak Elmu Lingkungan", 150 taun 
katukang, manehna ngabuktikeun fungsi cacing taneuh dina nyuburkeun taneuh.

Ku Teori Evolusi, manusa beuki sadar, yen dirina jeung mangkeluk sejenna 
sabenerna gumantung kana lingkungan. Lamun lingkungan rusak manusa bisa 
tumpur atawa meureun robah jadi monster ...hahahaha, lain jadi jelema deui.

Baktos,
WALUYA





Kirim email ke