--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote: > > > Cing sugan aya data nu kongkrit, jiga kumaha kaayaan TKI teh nu > sabenerna. Ngarah noongna teu ngabulaeh teuing. >
Kang MH, Nu kongkrit na mah KUDU ti beulah dinya atuh he he he. Kuring mah teu apal da jauh teuing. Ngan ukur nempoan tina media. Kongkrit na atuh: 1. Kumaha ari status TKI Indon di Malaya ceuk media Malaya? Kumaha gambaran umum na? 2. Kumaha kaayaan kahirupan sakadang TKI tea? Ripuh, senang.... ripuh henteu, senang henteu? Kuring ngalungkeun ieu eupan kulantaran teh apanan, anu jadi BASIS gawe bareng asean teh pan ekonomi lin? Ekonomi teh nyambung jeung urusan pagawean. Tah.... mun tea mah enya aya gawe bareng antara anggota asean tea. Lebah mana bangsa urang (ngaliwatan TKI) bisa milu meunang kasenang dina raraga gawe bareng ekonomi asean tea? Sok ah, dipedar! :)) baktos, Rahman
