> Dian Tresna Nugraha <dian.nugr...@...> wrote: > Harga emas "katingal" turun-naek teh lantaran nimbangna ku dolar. > Nanging abdi parantos nuduhkeun yen anu langkung ajrut-ajrutan teh > dolar, sanes emas.
Kang Dian, kumaha lamun kieu, dihiji tempat, emasna seueur tapi ngadak- ngadak beas jadi kirang. Otomatis niley emas bakal turun lamun ditukeurkeun kana beas. Janten tetep we niley emas ge gumantung kana supply-demand. Kuring kungsi hirup dipedalaman Kalimantan nu hara-haraeun. Keur bebekelan kuring mawa uyah ganduan nu teu sabaraha hargana. Tapi waktu dipedalaman, eta uyah teh nileyna naek "luar biasa" ...sagandu bisa ditukeurkeun ka hayam jago! Baktos, WALUYA
