Kang Surtiwa, Harga emas "katingal" turun-naek teh lantaran nimbangna ku dolar. Nanging abdi parantos nuduhkeun yen anu langkung ajrut-ajrutan teh dolar, sanes emas.
Baktos, Dian. 2009/1/14 H Surtiwa <[email protected]>: > Abdi teu ningali kedah aya parobahan da sisitim moneter anu ayeuna oge > parantos "diemaskeun" saparak taun 1947. Anu jadi tangtangan eta emas teh > oge dikomoditieun, hargana/nileyna robah2. jadi sistim Moneter teh > nyetandarkeun kana hiji parameter, sanes kana sasuatu anu "fixed". Dina elmu > pasti mah teu kengeng atuh..Standard tapi robih2. Tina obrolan sigana masih > keneh aya karancuan antawis Sistim Ekonomi sareng Sistim Moneter.. > > On 1/13/09, Rahman <[email protected]> wrote: >> >> Rada bisa engapan saeutik yeuh, time out rek hiburan ngalongok milis >> heula. >> >> Urang nyieun kasimpulan topik diskusi perduitan. Koreksi we mun salah >> nyimpulkeun mah! :)) >> >> Paling henteu aya dua pamadegan: >> >> 1. Kang Dian boga pamadegan yen SAKUDUna sistem moneter nu aya ayeuna >> diganti ku sistem nu anyar. Duit kertas leuwih hade diemaskeun. >> Sahanteuna.... beking na KUDU 100% emas. >> >> 2. Kuring boga pamadegan beda jeung Kang Dian. Sistem moneter anu aya >> ayeuna memang TEU sampurna. Tapi argumen2 anu kapanggih ku kuring >> leuwih condong make sistem nu aya. Sistem peremasan CAN tangtu bakal >> jadi solusi krisis moneter ayeuna. Bukti2 na can aya. Argumen2 nu aya >> UKUR teori wungkul. Kalemahanana oge teu saeutik. >> >> Alesan kuring sejen na. Leuwih hade ngarautan sistem nu aya, tinimbang >> nyieun sistem anyar. Ulah asup kana paribasa 'moro julang >> ngaleupaskeun peusing'! :))) Enya... bau sakadang peusing teh, tapi >> bau2 oge peusing pan geus kapimilik lin? :))) >> >> baktos, >> >> Rahman >> >> >>
