2009/1/6 Rahman <[email protected]>:
>
> Kang D,
>
> Resep ngobrol teh Kang, jadi mayeng oge yeuh!:))
>
DN:
Libur dugi dinten ieu.. Enjing pageto mah boa teuing :-)

> Komoditi naon bae oge, boh logam mulia boh valuta alias perduitan tea,
> nileyna ditangtukeun ku pasar. Ngan aya kaditu na, pasar OGE
> ditangtukeun alias gumantung ka sababaraha institusi. Mun misalna FED
> ngobral cadangan emas na di pasar bebas, pan niley emas di pasar ge
> kapangaruhan, sabab kalimpudan ku banjir emas Amrik.
>
DN:
Peryogi diemut, lamun emas diobralkeun cadanganana, sanes niley emas
anu kapangaruhan.. tapi dolar bakal jadi nge-drop. Sabab pan emas anu
janten timbangan-na he he ..  ;-)
>
> Valuta ge sadan mah kitu oge. Makana, pan soka aya spekulan di pasar
> mah. Naon we jadi spekulasi.... emas, valuta, ka hitut2 pan sok
> dispekulasikeun he he he...
>
DN:
Justru, ku standar logam mulia (emas, perak, platinum), anu diadopsi
di sakuliah dunya teh bakal ngirangan spekulasi, batan ayeuna anu
rupa-rupa valuta. Lamun valutana langkung sakedik, pan langkung
sakedik spekulasina. Komo pami dipatok mah antawis valuta hiji ka
valuta sanes, moal aya spekulasi deui geura.

>
> Dina artikel perkara emas anu disebut ku kuring tiheula nyebutkeun,
> emas memang teu leungit2. Emas anu beredar ayeuna bisa jadi umurna
> geus mangrebur2 taun. Emas Fir'aun, emas urang Inca, emas urang
> Mesopotamia.... masih keneh muter.
>
DN:
Tah eta.
>
> Ngan aya hiji, emas teh sacara presentaseu cenah dipake UKUR jadi
> perhiasan geuning?
>
DN:
Nya pami kersa tiasa dijantenkeun alat tukeur.
Pami disimpen wae, pan unggal taun dipajeg ku zakat, pikeun likuiditas balarea.
>
> Iitungan na kieu cenah:
>
> 51 % perhiasan
> 12 % elektronika, huntu jeung dirgantara
> 16 % investasi
> 18 % cadangan bank sentral
> 2 % teu jelas jang naon... bisa jadi keur wadal? he he he....
>
DN:
Abdi ningalna, perhiasan, investasi, cadangan teh hiji kategori,
nyaeta "valuta", totalna janten 82 %
Sesana nu 14% anu dianggo.

>
> Enya oge Kang, memang kitu tah! :)) Mun diitung kalori kabutuhan mah
> tetep we cindeten di dinya! ;)) Ngan kabutuhan jelema teh nanjak wae
> geuning? Lain ukur kabutuhan kalori, tapi pan aya kabutuhan transport,
> imah, olah raga, hiburan.... Sigana mah kudu diitung oge?
>
DN:
Padumukan, transport, olah raga sareng hiburan? Eta mah ti baheula ge
aya..Ngan robah wujudna..  :-)
Pangaosna ge geura, dugaan abdi mah sami.. Malihan ari transport mah
pan langkung mirah ayeuna teh, da langkung seueur alternatifna.

Nu benten paling pangaos pikeun padumukan, lamun populasi konstan mah
da pangaosna moal nerekel teuing. Janten masalahna sanes di cadangan
logam mulia, Kang, nanging di tumuwuhna populasi jalma, anu 2,2%
sataun: http://en.wikipedia.org/wiki/File:World_population_(UN).svg

> Mun kabutuh Neandertal ukur peso tina tanduk kijang misalna. Pan
> ayeuna mah peso ge mangrebu2 jenis na? :))

DN:
Tapi sigana rata-rata anggaran balanja pikeun peso mah sami per
kulawarga.. cobi we etang geura ;-)
Ngan benten materialna wungkul. Ayeuna mah peso keramik 1 dirham,
baheula mah nu 1 dirham teh peso tulang he he  (boa) :-)

Salam,
-Dian-

Kirim email ke