Jero-an euy bahasan nana...

 

Ceuk New KAsep ;)...  :

Sunda = Suka Randa 

Sunda = Suka Dandan

Sunda = Suka Bercanda

Sunda = Sun Dada (Suka Nyium Dada)

Sunda = Suka Nangis Darah

 

Ceuk batur :

Sunda = Bodas (Beresih) 

Sunda = Alus jeung Lega (lapang dada kitu siga Asep Swazelegur?) = Luhur
pangaweruhna kitu?

Sunda = Awal sakabeh jelema?

Jrrd.

 

Sunda nya meureun mun disebut euweuh da euweuh... di sebut aya da aya?
Kasebutna meureun intangible kitu... atawa gaib hehehe.

 

Ngan saukur ngaran anu ngancik dina hate anu masih keneh reueus jeung
ngarasakeun mangfaatna keur kahirupan nana... aya teu manfaatna? Nya duka
teuing atuh da meureun jawaban nana aya di sewang- sewangan :D.

 

Ari keur abdi mah... nya masih keneh aya mangfaat na. Minimal tepika danget
ieu... duka kahareup na keun mah... da jalma n' jaman bisa robah hehehe. 

 

Sunda euweuh... Karajaan Sunda sih geus euweuh burak burantak... Nagara
Sunda oge euweuh asana mah? Nu ngaku ti Nagara Sunda nya meureun aya... ari
ngaku wungkul mah bisa wae tapi pan kudu aya de facto jeung de jure na...

 

Jadi Sunda aya euweuh? Nu jelas ayeuna urang ngobrol make bahasa sunda?
Kasenian sunda aya keneh can TILAR... minimal masih keneh aya anu paduli. Di
mobil abdi kaset jeung CD sunda ngalayah... da kumaha deui atuh... mun balik
ka lembur leuwih ngeunaah gogorowokan ngawih lagu Darso kabogoh jauh hehehe
tinimbang nu liana... walopun abdi resep oge samodel lagu-2na Metallica
hehehe...    

 

Emang teu dimana teu dimeni masalah... kabudayaan teh jadi masalah... ngan
nya ulah melang ulah hariwang ceunah mah da hakekatna budaya teh berkembang
numutkeun bisa teu eta budaya ngadaptasi jeung asimilasi kana lingkungan...
boh daya dukungna oge tina ekologi-na meureun... kusabab kitu ceunah mah
kabudayaan teh istilahna ulah make LESTARI... tapi NGEMBANGKEUN... lamun
LESTARI nya ti jaman tai kotok di lebuan nepika kiwari angger weh kitu...
keneh- keneh kehed... euweuh parobahan. Taaaah lamun ngembangkeun nya
tinggal di mumule... ulik ku kreatifitas-na masing-2.... Siga DARSO...
awalna Calung Classic... ayeuna Mix Calup + Pop... naha salah... ah nya
deeer weh satungtung ngeunaheun jeung ditarima ku Masyakarat... Samba
Sunda... malahan jeung Jazz-nya... 

 

Taaaaaah...sigana mun tea mah pamarentah aya kapedulian ngeunaan
pengembangan kasundaan... sigana tinggal dibere fasilitas keur masyarakat
ngembangkeun kreatifitas-na sorang-2an... Kakarek ceuk Urang Bogor mah...
AJIIIIIIB hehehe.

 

Ari pamerentah mere bates... tah ieu anu ngahambat kana pengembangan
kasundaan. Ceuk teori na mah... Sustainable Development teh ceunah kudu
merhatikeun 3 faktor.... ekonomi, sosial jeung lingkungan.... tah budaya
bisa sustainable alias AYA teu tilar lamun tiluan nana asup... samodel
JAIPONG naha masih keneh Exist nepika kiwari kusabab 3 faktor eta asup...
secara ekonomi masyakarat bisa hirup tina jaipong meunang panghasilan anu
cukup keur kahirupan para seniman nana... secara sosial alus oge keur
pagawulan manjangkeun duduluran... lingkungan oge teu aya masalah... Goyang
Jaipong tidak menyebabkan BANJIR atawa LONGSOR hehehe... komo deui Lumpur
Lapindo mah hehehe. 

 

Tah kasenian lain... samodel TERBANG di Sumedang... jrrd... sigana ampir
Tilar kusabab secara ekonomi geus teu menarik dina harti nya PASAR / MARKET
(masyarakat) geus teu narima deui... nya meureun content-na rada kurang up
to date... kusabab kitu Berkembang di Mix jadi BANGRENG... mirip-2 Jaipong
kitu... Terbang geus tilar? Aaah heunteu oge da geus berkembang jadi
BangReng.... kahareupna BangReng aya keneh? Duka teuing boa-2 jadi BaRengDut
atawa BaRengRock meureun... siga PONGDUT... secara alami eta perkembangan
teh kusabab 3 faktor eta.

 

Jadi kumaha atuh Kasundaan aya keneh?.... nu jelas mah www.kasundaan.org mah
nepika ayeuna masih keneh aya. Walopun make Bahasa Endonesa... da kamsud na
mah hayang mromosikeun kasundaan ka PASAR/ MARKET anu leuwih loba... supaya
leuwih loba nu apal, naon sunda teh, saha sunda teh, jeung naon anu bisa
dipulungan ti kasundaan teh. Pan dina marketing teh strategi na teh
ngarana... Neneng AIDA... Attention, Interest, Desire n' Action... tah
www.kasundaan.org mah mung saukur ngundang attention jeung interest heula...
supaya mudah-2an loba jalma anu katarik jeung kataji ku kasundaan terus aya
DESIRE / hasrat... ngulik kasundaan.  

 

Susu Ganan...kahareupna lain Urang Japon wungkul nu diajar nari Daun Pulus
Keser Bojong... tapi oge loba urang endonesa nu mulai mireng eeeeh geuning
kasundaan teh imut tur ajiiiib siga New KAsep tea ;))... di teuteup ti
hareup sieup... di tinggali ti tukang teu dicalana... poho ngeus ngising di
cukang sarungna teu dikahandapkeun deui hehehe.

 

Ah ari geus ngacapruk teh... sok kamana-2.

 

Salam Sunda = Susu Neng Dasimah ;)).

KAsep

[email protected]

 



[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke