> From: Dian Tresna Nugraha > Ieu aya reaksi pikeun seratan Syafii Maarif. >===cut===== > Wahai Buya, tidaklah hina seorang pendosa jika sudah bertaubat, dan > tidaklah nista seorang pezina jika sudah menerima hukumannya. Tidak ada > kata terlambat, selama napas masih ada, dan selama matahari belum terbit > dari barat. > ====cut======
Kuring mah sok hemeng ku kalimah nu dicutat diluhur, sabab sering manggihan nada nu ampir sarua dina artikel2 kateupanujuan kana hiji pamadegan dina kayakinan/agama. Ari alusna lamun henteu satuju kana artikel Syafii, cukup we bere argumentasi ngan teu kudu ditambahan embel-embel kalimah siga diluhur, sabab nu nulis ieu kesanna AROGAN, manehna ngarasa pangbenerna, asa jadi "wakil Tuhan: Syafii Maarif gede dosana (pendosa) kudu tobat. Padahal nu aranna dosa mah ngan nu Maha Kawasa nu terang, ari manusa mah .ukur ceuk kayakinan dirina sorangan, jadi teu kudu nganiley batur gede dosa sagala ...... Dosa beda jeung kalakuan kriminal nu bisa diniley sabab ngarugikeun sasama manusa/ masyarakat ..... Baktosna, WALUYA
