Kang, Memang ieu mah jadi panyakit kronis bangsa urang. Mun maenbal tea mah kalah resep ngababad suku batur tinimbang ngamaenkeun bal na.
Bangsa urang teu atawa acan biasa beda pamadegan. Mun diskusi teh sok remen nyerang pribadi tinimbang nyerang argumen. Antuk na sok jadi emosi teu puguh. Mun batur boga pamadegan jeung cara pikir nu beda... nya sok kitu. Dosa tea lah, teu atawa can meunang hidayah lah... sesat lah, ditumpakan ku pihak ka tilu lah. Malah loba sok nitah menta tobat sagala deuih. Kawas nganggap manusa sejen belet kacida bisa ditumpakan batur kitu? ;)) baktos, Rahman --- In [email protected], "Waluya" <waluya2...@...> wrote: > > > From: Dian Tresna Nugraha > > Ieu aya reaksi pikeun seratan Syafii Maarif. > >===cut===== > > Wahai Buya, tidaklah hina seorang pendosa jika sudah bertaubat, dan > > tidaklah nista seorang pezina jika sudah menerima hukumannya. Tidak ada > > kata terlambat, selama napas masih ada, dan selama matahari belum terbit > > dari barat. > > ====cut====== > > Kuring mah sok hemeng ku kalimah nu dicutat diluhur, sabab sering manggihan > nada nu ampir sarua dina artikel2 kateupanujuan kana hiji pamadegan dina > kayakinan/agama. Ari alusna lamun henteu satuju kana artikel Syafii, cukup > we bere argumentasi ngan teu kudu ditambahan embel-embel kalimah siga > diluhur, sabab nu nulis ieu kesanna AROGAN, manehna ngarasa pangbenerna, > asa jadi "wakil Tuhan: Syafii Maarif gede dosana (pendosa) kudu tobat. > Padahal nu aranna dosa mah ngan nu Maha Kawasa nu terang, ari manusa mah > .ukur ceuk kayakinan dirina sorangan, jadi teu kudu nganiley batur gede dosa > sagala ...... > > Dosa beda jeung kalakuan kriminal nu bisa diniley sabab ngarugikeun sasama > manusa/ masyarakat ..... > > Baktosna, > WALUYA >
