2009/6/22 Rahman <rsyaif...@yahoo.com> > > > > > "Karena itu, pengembangan minat baca merupakan solusi yang tepat, > > apalagi anak SD yang dibiasakan dengan budaya baca dan tulis memiliki > > prestasi tinggi dibanding anak SD yang selama enam tahun tidak > > dibiasakan dengan budaya baca dan tulis," katanya dalam seminar yang > > juga menampilkan pakar perpustakaan dari Jerman Prof Dr Phil Hermann > > Rosch itu. > > > > > > Urang RI kedul maca? Sigana mah enya oge. Anu jadi pertanyaan faktor naon > anu jadi musabab na? > > Aya teori yeuh. > > Urang RI kedul maca kulantaran boga mind set dina budaya urang anu teu mere > lolongkrang maca sacara aktif. Bangsa urang mah leuwih resep pasif. Pan > katelah oga budaya LISAN (oral) na. Mun ngadengekeun, lalajo, nongton jeung > sabangsa nu kitu mah... rabeng! > > Enya teu nya eta teori kuring teh? > > Hade oge mun aya nu daek nalungtik tah! Tesis na: hunungan antara kedul > maca jeung budaya lisan? :))) R > > Cing uing rek milu teteorian.
Mun nitenan pangocoblakan di milis, atawa maca beja media online, kunaon kiwari loba urang sunda nu borangan, nepi ka sieun ku nu disebut 'undak-usuk basa (uub)'? Padahal uub teh jigana apanan perkara ilahar dina basa naon oge, da puguh ngarupakeun bagian tina gramatika diji basa. Jigana wae salah sahiji kasang tukangna teh pakait jeung minat baca jeung budaya tulis oge. Kulantaran budaya tulis di urang teu pati mekar jiga di urang kulon, nya antukna budaya lisan leuwih mangaruhan cara mikir urang. Contona wae, basa Sunda priangan nu asana kungsi dijadikeun bahasa rujukan pikeun basa sakola teu bisa ngahijikeun basa-basa dialek sejenna di tatar Sunda. Sakadar conto, kungsi aya susurveyan di milis ngeunaan kecap 'ganas', tetela eta kecap teh loba variasina. Mun nilik lokasi panyaturna mimiti ti kidul (bandung, garut, tasik, sumedang, ciamis), terus ka subang, tanggerang, nepi ka banten; aya parobahan sora tina ganas, jadi danas, nepi ka jadi kanas. Ieu sakadar conto kumaha kuatna budaya lisan, sabab leuwih ngandelkeun pangdengena ceuli rebing ditambah saliwang, barang nu sarua diucapkeun jadi beda-beda. Coba mun budaya tulis nu leuwih kuat, jigana pikeun ngagambarkeun eta kecap bakal konvergen ngaguruntul jadi hiji kecap nu sarua, sabab nu jadi rujukan naon ku kabaca ku panon dina bahan bacaan. Tah gimirna urang sunda ku UUB ge jigana kulantaran eta, sabab arang langka dipake, boh dina obrolan kitu deui dina tulisan. Antukna UUB jiga jurig nu dipikasieun. (mh) > > ------------------------------------ > > http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ > http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda > > > [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links > > > >