--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <khs...@...> wrote:
>

> 
> Justru eta tah masalahna. Upama ku nagara urang di-stop, nya bakal
> diganti ku tanaga migran ti Filipina jeung Cina.
> Enya utamana mah perlu aya perlindungan ti pamarentah.
> Nu pernah katempo ku uing memang teu saeutik TKW nu sukses, coba we
> longok lamun urang ka Singapur, sok
> loba ninggali TKW nu rek balik ka lemburna, nepi ka dijajapkeun ku
> majikanana sakulawarga.
> (mh)
>

Enya kitu Kang. Disetop mah lain mereskeun masalah, tapi mindahkeun masalah ka 
jero nagara. Leuheung mun lahan pagawean di nagara urang nambahan.

Sabener na mah kacilakaan jeung musibah tkw/tki teh UKUR insiden. Ari 
kangaranan insiden mah solusi na lain ngeureunkeun program, tapi sumber insiden 
na nu kudu dilacak jeung dieliminer.

Ari ieu kalah kalangkabut ngeureunkeun program bari euweuh alternatif na. Anu 
karunya? Nya heueuh rahayat leutik deui bae. Da para gegeden mah ukur utar atur 
wungkul, bari taya bukur na.

baktos,

Rahman

Kirim email ke