Alhamdullilah kang nuju aya dina kawilujeungan, sok kang tong sakolebat atuh 
nyeratna, satelebug, ameh pinuh koropak abdi....antengmacaan Kisunda 
sadar-sadar har kuring geus diawang-awang... ngalamun mun seug kamari ngiring 
meureun pendak sareng teh Tienka.
Pokona lamun nepi ka lembur kang oman kedah ngajak abdi ka Panaruban, rek reuni 
jeung alam buhun, 
 
Kang ari di nagara Baturmah leuweung, susukan dijieun jang kawasan wisata ari 
diurang mah di hollywoodkeun nya di jieun siga pilem, Amerika, eropah dijieun 
bangunan siga studio Universal sagala tatangkalan anu hejo mongkleng teh salin 
rupa jadi filem anu nyata, resort sing pucunghul luhur leuweung, boa-boa enya 
ceuk si jalu bener kalaman ku anak incu turunan urang jaga naros kieu : ... 
ambu... anu jiga kumaha gunung hejo teh, ...anu jiga kumaha kebon enteh 
teh...., ari huma anu mana, ari sawah jiga naon.........susukan herang siga .. 
kumaha..... hag boa boa ganas oge moal aya kebon - kebona acan Kang....aya oge 
paling, "made in" Japan atawa thailand .cag ah karunya lembur, bisi 
hing............jararauh panineungan seug kajadian.Wallohu alam.
 
Nenny


Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh Nenny kumaha damang? Muhun teh sim kuring teh sakolebat-sakolebat. 
Kamari-kamari teh pakepuk pisan da eta diudag-udag program 100 poe nu teu jauh 
ti model 1001 malam tea. Lieur jeung kalieuran ku polah jelema, nya saptu 
kamari ka Panaruban, diajak niis ku Kang Oman. Resep lah diditu teh dahar ge 
mani rewog, nambah 3-4 kali na padahal mah menu biasa daun sampeu, goreng lauk, 
tahu jeung sambel, mandi atuh di susukan nu tiis herang caina keur mah cai ti 
curugan. Menu istimewana nya eta ningal keris nagasasra Raja Padjadjaran.

Nu jadi pikiran sim kuring mah eta bet di tengah kebon enteh na blek teh aya 
Lembang Highland Resort, ditulis gede-gede model Holliwood dina cadas di LA. 
Ari wangunan resort teh model-model Itali. Harita mah leng we eta 
pipikiran...enya pan biasana ari ngaliwatan kebon teh sok cicing ngahuleng 
anteng bari tetempoan mah seger ku hejona daun. Ayeuna geus blek we rek 
di"Puncak"eun. Subang -Lembang asana moal lila deui dihakan ku ekonomi 
kapitalis. Ari urang dinya kumaha? Asana mah tetep we moal jauh jadi buruh 
metik teh, dagang ganan/nanas sisi jalan & nu ngacung2keun leungeun nawaran 
villa katut eusina awewe nu bisa dipake.

Tadi peuting mah rada hese sare da kapikiran, sedih, prihatin....kuring geus 
leungiteun kawaas kebon teh di puncak, tuluy geuning ayeuna rek leungiteun 
kebon teh Subang-Lembang. Ret nempo barudak.........teuing kumaha ngeusi 
kenangan tatar sunda nu asri teh? 
(kamari budak lalaki sina nyekel keris Raja Padjadjaran, sugan ka hareup 
manehna boga kateuneung nanjeurkeun deui sunda).

salam
tirta








                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke