Rampes Kang Engkus,
Hatur nuhun parantos nyaangan kanu poekeun, nungtun kanu rempo, nyait anu ti
kelebek, asa katumu umur simkuring teh bakating bingah kana panalungtikan Akang.
Upami simkuring ngiring nyarios :
Saur katerangan Ulama Imam Al-Ghazali, lamun sholat hayang khusu jeung ditarima
ku Allah SWT, diantarana : kudu apal jeung nyaho kana anu dibacana.
Kulantaran urang gumelar di Nusantara jadi Urang Sunda, tangtu tina kecap ku
Bahasa Arab teh (dina Sholat) Batin mah kedah SUNDA, upama Urang Bali Islam
(Sholat) batinnana mah KEDAH Bali, jeng saterusna, lamun teu nyumponan kitu
Sholatna kawas anu mabok teu apal kana naon anu di Ucapkeunnana komo kana
tujuannana Sholat jeung tujuan babacaannana mah, tangtu moal ditarima Sholatna.
"Sing saha Jalma nu Ingkar kana Takdir Tinu Maha Tunggal-tangtos Moal Apal Ka
Anu Maha Tunggalna, kumargi nyulayaan kana papagon Anu Maha Kersa anu parantos
Ngersakeun urang gubrag lahir ka Alam Dunya". da Lahir ka Dunya teh sanes
kenging kahoyong sareng sanes karesep diri sorangan, ESTU Tetep Tunggalna
Kawasa sareng Pangawasa Anu Maha Tunggal Anu Mangeranan Sakabeh ALAM nembe
urang sadar tur nyaksi jeung karasa kecapna "ALHAMDULILLAHI
ROBBIL'ALAMIIN",...................punten, ieu mah harewos Kuring keur Kuring
bae......................
Pun Lancek nalungtik Ajaran ISLAM SYI'AH ISNA'ASYARIAH (Imam Du Belas), dina
panalungtikan eta kecap Bahasa Arab Anu ayeuna di anggo oge sareng
huruf-hurufna kengin ngaramu tina suku Bangsa Arab anu sejen anu aya di wilayah
Arab.
Jaman Jahiliah pagawean suku anu aya di zajirah Arab teh Perang Jeung Perang
geus ngadarah daging, tug dugika jam MUAWIYAH vs IMAM Ali a.s, atuh teu
katingaleun jaman kiwari oge kareeusna Kalobaan Orang Arab teh can robah,
Perang Jeung Maehan. Matak diperlukeun pisan pikeun neruskeun Kapamimpinan ti
Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w ku ka Khalifahan para Imam jeng saterusna......
nilik tina katerangan Pun Lancek eta, simkuring beuki reueus bae jadi Urang
Sunda teh, euh...geuning henteu leuwih hade Urang Arab teh tinimbang Urang
Sunda anu geus ngajarkeun Katuhanan jeung Kamanusaan jeung sajabana.
Kang Engkus :
Perkawis KAWIN ADAT SUNDA sareng pihartosennana, simkuring parantos kenging
tina seratan Mama Mei Kartawinata. nuhun sateacanna, punten parantos ngiring
ngariweuhan ka kang Engkus.
atuh Ka Kang Jamal (MJ-Mang Jamal) :
panginten parantos maos seratan Kang Engkus, punten teu tiasa di waler ku
pribados, numawi masih keneh hejo tihang, diajar keneh leres-kanggo
ngalereskeun katerang Sejarah anu aya dina diri, Katerangan Aqidah anu aya
dina diri, Katerangan Tekad-Ucap-Lampah anu aya dina diri pribadi.
sakitu heula ti simkuring,
sampurasun
baktos
Agus Wirabudiman,
------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
Engkus Ruswana K
Wrote :
Sampurasun ka sadayapara wargi Kisunda.
Mangga ku sim kuring bade diwalon
patarosan-patarosanana.
Kecap agama asal tina kecap hagama, eta gejala robahna
kecap geus lumrah keur urang Sunda/nusantara, saperti
tina kecap karatuan (panyicingan ratu) jadi karaton,
rahadian (kasifatan darah nu utama/punjul) jadi
rahaden terus jadi raden, kecap kabupatian
(panyicingan bupati)jadi kabupaten, Pasantrian jadi
Pasantren, Guru Hiyang jadi Guriang, Ki Yayi jsdi
kiyai, jsb. Perkara nu ayeuna disebut basa kirata
(basa nu asal tina sababaraha kecap kalayan hartina
masing-masing jadi hiji kecap nu hartina teu robah),
eta oge gaya basa nu teu bisa diapilainkeun, sabab eta
gaya basa nu has aya di urang anu tug tepi ka kiwari
masih dipake saperti Hansip, hankam, posyandu, pemda,
jeung rea-rea deui. Tah kecap agama (hagama) tina
kecap hana-gama (hana = ana = ada = kang hana) nu
hartina yang "Ada" nu biasa di kalangan spiritual
jawa-sunda ngalambangkeun salah sahiji sifat Gusti Nu
Maha Suci, sedengkeun gama = teatur = patokan. Keur
babadingan eta harti basa jaman kaemasan Majapait,
dikaluarkeun kitab nu kasohor Nagara Kartagama (nagara
nu didumasaran ku aturan pikeun karaharjaan balarea).
Eta harti kecap ku sim kuring dipaluruh tina kamus
Bahasa Kawi (teu percanten nya mangga dipaluruh
nyalira, ulah ngandelkeun cenah sareng beja, sabab nu
ngaranna elmu teh lamun geus kasaksi-kaharti-karasa ku
sorangan). Basa Kawi teh ceuk sabagian kalangan boh ti
urang sunda-Jawa-Bali nu maluruh mangrupakeun babonna
basa Sunda-Jawa-Bali malahan cenah loba kamiripan jeng
dulur urang diwewengkon sejen, malah tepi ka sabagean
wilayah asia tenggara nu sumebarna jaman majapait.
Ah basa kawi mah cenah bobogaan urang Jawa.
Tah...tah.. di palebah dieu buahna tina jajahan teh,
jadi loba "Sunda Patalukan" nu antukna kaleungitan
jati dirina nu enya dilain-lain nu lain dienya-enya
atawa jati kasilih ku junti tea. Memang sajarah nu
jadi kanyaho urang hasil diajar tina sajarah nu
dijieun ku urang walanda, atuh tangtu bae aya
kapentingan walanda pikeun ngarobah pola pikir bangsa
nu dijajahna (inget sajarah teu aya nu 100 %
objektif), tah ku lantaran nu ngawasa elmu kasajarahan
teh urang walanda kalayan ngajajahna ratusan taun,
sagala bukti nu nunjukeun kaemasan/kalinuhungan budaya
urang sunda dikerid ka nagri manehna, nu tujuanna lian
ti pikeun panalungtikan, koleksi harta karun oge
mungkin bae pikeun dipengkolkeun luyu jeung skenario
penjajahan supaya bangsa urang leungit kabanggaan
dirina, leungit kareueus kaluluhurna, jeung kacintaan
ka lemah caina nu ahirna laluasa ngajajahna. Matak teu
aneh lamun ahirna disebutkeun luluhur bangsa urang mah
cenah animisme-dinamisme, mimiti nyaho ka Gusti teh
kulantaran bangsa Hindu datang, nyaho jeung bisa dahar
sangu teh ku urang hindu (da baheula mah cenah
kadaharana jawawood/hanjeli),ngabogaan budaya saperti
wayang asalna ti India, bangsa asli nu cicing di
nusantara baheula bangsa satengah raksasa da urang nu
ayeuna gumelar di nusantara mah luluhurna asal ti
Yunan (jadi lain pituin, sarua bae pendatang teu beda
jeung walanda, cina, Arab jsb., jadi teu aya hak
istimewa ngaku bangsa pribumi), munggarana ngabogaan
tata pamarentahan nu bener ti jaman Tarumanagara nu
dirajaan ku minantu aki Tirem nu cenah asalna urang
India, malahan lautan oge disebut lautan Hindia,
padahal bentangan laut kidul wilayah nusantara leuwih
lega tinimbang India, estuning sagalana dikaitkeun ka
India. Tah eta ceuk pamikiran kuring reka perdaya
walanda pikeun ngaleungitkeun identitas diri bangsa
urang.
Balukarna dina lingkungan nu leuwih leutik Urang Sunda
ayeuna loba nu teu percaya luluhurna boga agama
sorangan, teu percaya baheula geus ngabogaan budaya
sorangan sarupaning tulisan (cacarakan), itungan
mangsa/pananggalan (kala Sunda), budaya wayang jeung
sajabana. Tah kulantaran teu diaraku ku urang Sunda
nya ku dulur urang ti Jawa jadi ngaku milik sautuhna,
nu balukarna taun Saka disebut taun Jawa, aksara
Cacarakan disebut aksara Jawa, wayang jadi milik urang
Jawa. Ari Urang Sunda boga naon ???. Kulantaran
percaya Cacarakan lain boga urang nya neangan
pangaboga nu lain nya kapanggih aksara KAGANGA nu
ayeuna diaku jadi milik urang Sunda, padahal lamun
diaji eta aksara kaganga mah digunakeunna teh mun teu
salah jaman Prabu Wastukancana nu ceuk itungan waktu
mangrupakeun jaman nu leuwih ngora (sanggues abad 10),
sedengkeun cacarakan ayana teh dikaitkeun jeung
ngamimitian itungan taun Saka (nu hartina abad ka-1).
Padahal upama dikaitkeun jeung catetan sajarah baheula
nu teu kahapus ku walanda, ngeunaan karajaan Galuh
ditetelakeun yen awalna wilayah Galuh baheula nepi ka
Sajawa jeung sabagean Bali. Surabaya ayeuna baheulana
disebut Hujung Galuh, di wewengkon Kediri ayeuna
baheulana kungsi ngadeg karajaan Panjalu nu
mangrupakeun hasil ngababakan turunan Raja
Panjalu-Ciamis nu ahirna jadi karajaan Kadiri.
Upama ngitung waktu dumasar catetan sajarah nu kacatet
tug tepi ka kiwari, geuning sumebarna
kabudayaan/karajaan teh di wewengkon kulon ka wetan
(mimiti ti karajaan Salakanagara), oge hasil-hasil
panalungtikan anyar fosil manusa pangkolotna aya di
tatar sunda, Tulisa ayat Rohaedi tina Wangsakerta
netelakeun yen Raja Majapait teh incuna Raja
Darmasiksa. Jadi tetala yen Sunda-Jawa-Bali teh
sakaturunan, jeung nu jadi kolotna ti wewengkon Sunda
ayeuna. Nu dipercaya ayeuana ku sabagean urang Sunda
jeung Jawa, yen cenah urang Sunda mah adi, ari urang
Jawa lanceukna (tapi ari kolotna saha?. Sunda!!).
Tah kukituna loba pisan ki dulur kanyaho jeung catetan
sajarah urang Sunda nu kudu dilempengkeun deui, memang
sulit sabab ngalawan arus kanyaho nu geus ngadarah
daging di bangsa urang, samporetna bukti sajarah nu
kapaluruh (sabagian aya di walanda nu tangtu loba oge
nu geus dileungitkeun, tambah loba nu teu bisa
macana). Tah eta tugas para inohong pikeun memener
sajarah nu oge kudu dirojong ku sakumna urang sunda nu
boga karancagean, boga pikir rangkepan kalayan nyaah
ka luluhur jeung ka lemah caina sorangan.
Balik deui ka kecap agama, kuring yakin eta pituin
kecap Sunda nu geus dijadikeun kecap basa Indonesia,
sabab kuring pernah madungdengkeun ieu perkara jeung
Said Agil Siradj (Ahli Fiqih-NU)nu nerangkeun yen
memang Agama eta kecap basa Indoneia, da di Islam mah
dikenal 3 istilah nyaeta Milah, Nilah, jeung Din nu
diterjemahkeun kana basa Indonesia mah jadi kecap
Agama, Oge basa sim kuring ka Colombo madungdengkeun
masalah agama asli dan minoritas kungsi gunemcatur
jeung tokoh agama Hindu, nu nyebutkeun yen istilah
religion keur urang Hindia mah disebutna "Dharma". Ti
dinya kuring beuki yakin eta kecap agama pituin Sunda.
Tah nu matak hemeng atawa mungkin kabodoan urang nu
ngajadikeun jati kasilih ku junti nu enya dilain-lain
nu lain dienya-enya, saperti nu kaalaman ku sabagean
bngsa Sunda (Batak, Dayak, Sunda, Jawa, Bali, Makasar)
nu ngagem elmu/agama luluhurna teu meunang ngaku
agama, sabab ari agama mah kudu jelas nabina, kitab
sucina, sholat/sembahyangna, kiblatna. Tah hal ieu
pisan nu jadi kaanehan sim kuring. Geus puguh eta
kecap jeung harti teh pituin ti Sunda, anu tinangtu
beda difinisi jeung prak-prakannana dina ngajalankeun
lakuna, e..e..ehh, malah didifinisikeun atawa dipatok
ku kriteria nu datang ti deungeun nu tinangtu sistim
nilaina beda, mun dicontokeun kana kadaharan saperti
tempe atawa peuyeum, tah upamana ku bangsa deungeun
didifinisikeun jeung dibere sarat nu disebut tempe
atawa peuyeum teh kudu kitu..kitu...kitu.., nu ahirna
sanggeus ngadifinisikeun jeung mere kriteria jadi
ngabogaan hak paten (nyata ayeuna tempe, sari kalapa,
batik nu pituin hasil kamotekaran bangsa urang geuning
nu ngabogaan hak patenna mah bangsa deungeun --- naha
urang rek pasrah bae//). Kitu oge dina sual agama, nu
datang ti luar disebut agama ari nu pituin asal
nusantara teu meunang ngaku agama, nya disarebut wae
masarakat "Aliran Kabatinan" atawa "Aliran
Karokhanian". padahal kecap bathin jeung rokhani teh
kecap basa arab, jadi sidik patukeur bajuna teh --
Dasar memang dunya teh keur tibaralik.
Soal kecap Gusti eta ukur salah sahiji sesebutan, tina
rebuan ngaran kumaha basa, adat jeung bangsana, bisa
Tian, bisa Allah, bisa God, bisa naon bae. Eta
sesebutan naon bae ngaranna, moal bisa ngarobah
hakikina, nyaeta nu Maha Kawasa, Maha Tunggal, Maha
Murba, Maha Terang, Maha Ucap jeung rebuan kecap Maha
lainna nu ngalambangkeun kakawasaan Gusti atawa
Pangeran (mang Jamal tiasa ngudag deui meureun, Ari
Pangeran Dipenogoro gustina urang mana ??), harti nu
sarua lamun aya ngaran Robbi Johan, eta gustina urang
mana ??, Eta Muhammad Ali nabina saha??. Jadi teu
perlu urang meakeun tanaga jeung pikiran pikeun
madungdengkeun nu teu aya hartina, jeung elmu
kasundaan mah dina ucap tekad jeung lampah teh teu
meunang didumasaran ku rasa ngarendahkeun nu lian komo
deui ngarendahkeun adat-budaya-luluhur jeung lemah
caina sorangan, nu dipake kudu elmu pare. Tah kuring
tiasa nangkep "ruh"na eta pananya ngeunaan I Gusti
Ngurah Rai, jeung deui lamun eta kecap Gusti sareng
nitip hiji deui ti sim kuring kecap Pangeran (sabab
bisi ditanyakeun Pangeran Dipenogoro atawa Pangeran
Abimanyu) eta lain kecap Sunda pamendak MJ eta kecap
ti mana, mangga sim kuring ngantos waleranna??.
Soal pangaruh ti hiji agama ka agama liana tinangtu
bae aya, ngan urang ge kudu surti dina
ngahartikeunana, sabab can tangtu boga harti nu sarua,
Saperti Adam ceuk harti urang Kanekes teu sarua jeung
harti Islam. Oge lamun urang maca buku babad tanah
Jawi, urang oge bakal manggihan pacampurna pituin
jeung deungeun, didinya urang bakal manggihan
asal-usul manusa Jawa di mimitian ti Nabi Adam- terus
ka Nabi Sis, terus nurunkeun Sanghiyang Wenang- terus
ka Sangyiang Tunggal, tah tepi kalebah dieu bae geus
pabeulit mun urang teu surti.
Tah sakitu bae heula walonan sim kuring, hampura bisi
asa kecap nu teu luyu jeung kahayang ki dulur
sadayana. Ka ki adi atawa kiyayi Agus Wirabudiman
hampura akang can kaboro nedunan pamundut salira soal
kawin adat Sunda, oge ka ki dulur ki Sastranagara
kuring boga hutang nu can kabayar, mudah-mudahan bae
lalampahan ngajorag ka tanah Jawa teh hasilna
nyugemakeun. Hampura sakali deui, sim kuringna masih
can kaboro loba teuing jaga-ijigna pagawean, walonan
ieu oge ngahaja nyolong-nyolong waktu tina pagawean
meungpeung di kantor jeung bawirasa kuring perlu
buru-buru diwalon,
Cag ka sadayanan,
Rampes
Pun Engkus.
---------------------------------------------------
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/