da rumaos...satungtung di dunya abdi bodo, nu katingal ge kasebat "karek nyaho" bari nikreuh ngahanca diajar dugi ka engke nganjang ka kalanggengan.
sumuhun Abah, dina naskah anu sa-seu-eurna "salinan" aya tonden. Biasanya diserat dina colophon (nu panghandapna) anu nerangkeun saha nu nyerat, waktos, tempat (wewengkon) sareng kareangan pribadi sanesna. upami eta anu dialungkeun ku Abah, sebat bae "naskah" upamina, ngangken ti karuhun...tiasa ditingal info colophon na tea... upamina bae basana basa buhun, mung aya kecap pandita oge kiai > anu teu ilahar ti jaman harita. Kecap2 eta teh anu janten nu di-option janten "variant" saterasna "variant" ieu teh dikumpul dina daftar "si peneliti" nu janten "konci" analisis dipaluruh, pakeun dibandingkeun sareng (upami aya judul naskah atanapi si penulis) nu sanesna. Kecap2 nu janten variant teh dijejer dibandingkeun tina tiap2 naskah anu judulna sami teras kitu...dugi ka kapendak "babon" na. Kitu nun Ambu Wirumananggay ieu mah mung nguningakaeun (notes): abdi reu-eus pisan ku nami "wirumananggay" teh meni raos ngagalindeng kana hate ku nataku "nyunda" na. Kaleresan basa aya nu pesen nami nya ku abdi disanggakeun, tapi diadu manis janten "Nay Tunjung Wirumananggay" rupina kawidian da si "orok" beureum teh ayeuna wanoja geulis tur sipatna teh "nga-awewe" (feminin) pisan (pun alo di Bandung). ----- Original Message ---- From: mh <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Saturday, July 5, 2008 7:29:31 AM Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? Ambu Wiru, hatur nuhun kana pedaranana. Nu helok teh eta Ambu, nitenan kosakata nu dianggona, aya kecap "kiai" aya kecap "pandita". Bawiraos sim uing, asa pamohalan upama ieu dianggit jaman buhun, kajaba upama di jaman buhun teh tos aya kecap-kecap jiga kitu. Punten Ambu, sim uing mani kaisinan, palebah sindiran Ambu nu nyerat "nu karek diajar, oge karek nyaho" sareng "ceuk abdi nu odob". Hehehe. Tong sok kitu Ambu ah, bilih kacatetkeun Yang Manon. salam, mh On Sat, Jul 5, 2008 at 8:07 AM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: > sampurasun.. ..punten Abah > ieu abdi "nu karek diajar, oge karek nyaho" bade nyanyahoanan nguningakeun > sakedik bae > > sangkakala > saleresna teh "sakakala" nitenan eusina mah, ceuk abdi nu odob" > tangtos ieu teh dianggit saatos "burak Pajajaran" da geuning pilihan gaya > basa boh kecap2na bangun "ngalengis" midangdam anu tos teu aya, > ngahaleuangkeun titilar nu kantos "ngajegirkeun Pasundan" anu kiwari kantun > runtuyukna.. .emh deudeuh..... ... > > nu nyeratna ngangken "nganggit ti karuhun" yaktos pisan, rupi na eta teh > salinan tina seratan anu medar jaman sateucana penulis . Pangrasa abdi mah > kana abad2 ka-17-19an mangsa titilar2 karajaan nu di tatar Sunda...inyana > kantun "kakaren" tapi msh kentel keneh nyambuang. Tiasa kasebat eta teh > "salinan" saleresna mah. > > naskah2 Ciburuy oge salinan sapertos oge Carita Parahiyangan. Ngan bentena, > CP mah tos diuji secara filologis janten VALID dianggo atanapi diacu; > naskah2 Ciburuy (bayongbong) mah teu acan sadaya diuji (dianalis) > > Naon margina abdi kumawantun nyebat eta "salinan" margi naskah2 Bayongbong > teh disertana tina bahan anu henteu permanen...aya keuna ku mangsa anten > aus, resak...dina mangsa harita bangsa urang teh (Nusantara) cara > ngawetkeunana nya ku disalin ulang (da teu acan terangeun fumigasi, komo > micro film mah) > > nu dialungkeun ku Abah "Sangkakala Pajajaran" oge rupina sami "salinan" > > Nyanggakeun > Ambu Wirumananggay > > > ----- Original Message ---- > From: mh <[EMAIL PROTECTED] com> > To: [EMAIL PROTECTED] .com; baraya_sunda@ yahoogroups. com; > [EMAIL PROTECTED] ups.com > Sent: Friday, July 4, 2008 8:48:35 PM > Subject: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? > > baraya, sim uing manggih hiji artikel, nu nyutat hiji syair, make > judul "syair sangkakala pajajaran". cenah ceuk nunulis eta artikel, > eta syair teh beunang nganggit karuhun sunda. nu jadi kapanasaran > uing, naha enya eta syair teh beunang karuhun sunda? atawa kreasi > anyar-anyar ieu? pedah eta we, upama maca artikel kiwari, sok mindeng > ngarujuk nepi ka jaman bulukan, nu kadang-kadang upama dititenan > rujukanana sok rada pabaliut. > > cing sugan aya baraya nu apal, tina naskah naon ieu syair teh ayana? > > salam, > mh > > catetan: geura ieu potongan eusi artikelna > ====== > Para leluhur sunda melalui syair SANGSAKALA PAJAJARAN sudah > mengingatkan agar dalam kehidupan di dunia, manusia harus selalu > bersahabat dengan lingkungan alam karena jika tidak alampun akan > membalas melalui berbagai bentuk bencana yang ditimpakan kepada umat > manusia. > > Cobalah cermati apa yang dipesankan dalam syair "Sangsakala Pajajaran" > yang saat ini mulai dikenalkan dan dikembangkan untuk mengingatkan > masyarakat Jawa Barat generasi saat ini akan tradisi luhur Tatar Sunda > yang memiliki kearifan dalam memperlakukan alamnya. > > SANGSAKALA PAJAJARAN > > KAWUNG MABUR CARULUKNA > Enau Kehilangan Buahnya > > GULA LEUNGITEUN GANDUAN > Gula Kehilangan Cirinya > > CIAMIS KARI PAITNA > Air Manis Tinggal Pahitnya > > CIHERANG KANTUN KIRUHNA > Air Bening Tinggal Keruhnya > > SAMAK TINGGALEUN PANDANNA > Tikar ditinggalkan Pandannya > > KIAI LEUNGITEUN AJI > Kyai Kehilangan Kemakbulannya > > PANDITA ILANG KOMARA > Pemimpin Formal Kehilangan Wibawa > > KAHURUAN KU NAPSUNA > Terbakar oleh Nafsunya > ======== > >
