abdi mah puguh rada curiga ka tokoh nu disebat "Bujangga Manik" tea mani 
disebatkeun kieu:
(panginten Abah ge uninga, oge nu kantos maos naskah Bujangga Manik):

"Latara teuing kasep,
kasep manan Banyakcatra 
leuwih manan Silihwangi...

oge
"sacunduk ka Luhur Agung
meuntasing Cisanggarung
sadatang ka Tungtung Sunda
nepi ka Arega Jati
sacunduk ka Jalatunda
sakakala Silihwangi
saumungkur aing ti inya
meuntasing Cipamali 

" leumpang aing kabaratkeun
datang ka bukit Pategeng
sakakala Sang Kuriang
masa deuk nyitu Citarum
burung tembey kasiangan........"

Tabe pun
Ambu Wirumananggay



----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
To: mh <[EMAIL PROTECTED]>; [email protected]
Sent: Saturday, July 5, 2008 8:44:22 AM
Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"?


piraku gamparan teu uninga
apanan tos dikintun ku abdi naskahna (attachment) dina karangan Ayatrohaedi te 
"Nganjang ka Kalanggengan" 
Wirumananggay teh nami sanes Sunan Ambu. Nu kawentar geulisna...mung benten-na 
abdi mah GORENG PATUT. 



----- Original Message ----
From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Saturday, July 5, 2008 8:35:08 AM
Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"?


On Sat, Jul 5, 2008 at 8:58 AM, richadiana kartakusuma
<richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> ieu mah mung nguningakaeun (notes):
> abdi reu-eus pisan ku nami "wirumananggay" teh meni raos ngagalindeng kana
> hate ku nataku  "nyunda" na. Kaleresan basa aya nu pesen nami nya ku abdi
> disanggakeun, tapi diadu manis janten "Nay Tunjung Wirumananggay" rupina
> kawidian da si "orok" beureum teh ayeuna wanoja geulis tur sipatna teh
> "nga-awewe" (feminin) pisan (pun alo di Bandung).
>

Ambu Wiru, sim uing kungsi nimu eta nami teh dina rengrengan nami
wanoja jaman buhun. Cing manawi tiasa dipedar, saha, urang mana eta
Wirumananggay teh numutkeun catetan bulukan Ambu? Hehehe.

nuhun
mh

    


      

Kirim email ke