sampurasuuuuuuun! muga sampurna ki dulur sakabeh! nyobi ngiring mairan yeuh,...........ti SP teh penulis nuju janten sekda jabar teh masihan bukuna ka uin sabari nerangkeun, da sok sering diguar disababaraha event kantos uin ngahadiran eta event kasundaan ku kg sekda teh ayeuna tos pangsiun kagugah di kasundaan saparantos sering ngobrol sareng kidulur UJ anu negeskeun wireh ayeuna bagean sunda anu kudu manggung teh tapi dasar wawasanana cukup rasional diluyukeun jg kaayaan kiwari...... teu kaop aya nu muncul,...sababaraha US budayawan nyebutna ogeh mualap sunda.....aya-aya wae kg setia hidayat kantos ucap, ka uin ...kumaha ath US rek marajuna ari kieu keneh bae mah mung katingalina memang teu acan apal lapangan da nembe dua taun ancrub ka budaya sunda versi tapsir kawih teh janten , eta tapsir wajar mun nembe ditingali dari satu sisi saja. uin pernah dipenta janten sekretaris steering committe dina hiji acara... nya rada ngagebeg si akang teh ningal kaayaan pamadegan anu sakitu subyektif na ti masing2 dulur..... nembe uninga yen sunda ogen terbagi ti sababaraha 'madhab'.....hehehe sumbangan tulisan pamendakna cukup berarti kanggo khasanah sunda we .. tetep nembe dina tataran filosofis.... dina sababaraha acara kagiatan teu tiasa ngigelan 'madhab'..... mung kusabab dina jabatan sekda cukup aya sumbangan berarti kanggo kamajuan budaya sunda, secara partial... benten sareng sekda anu ngagentosna...langkung poekkeun.. dugi ka kantos nyebat ka uin, tong kenceng teuing nyarios ka'sunda'an, urang mah nyarios ku istilah 'jabar' we cenah....wah.....!!!!! tah kitu polah pejabat teh, mung duka gubernur en wagub kiwari teu acan katingal ketakna...... muga luyu jeung cita2 urg sarerea... kitu beh saheulaaneun... rampeeees! rampa salira.. punten uin nembe muncul deui teu acan tiasa ngiring mairan anu sanes. ........oca tea...............
--- On Fri, 7/4/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? To: [email protected] Date: Friday, July 4, 2008, 5:07 PM sampurasun....punten Abah ieu abdi "nu karek diajar, oge karek nyaho" bade nyanyahoanan nguningakeun sakedik bae sangkakala > saleresna teh "sakakala" nitenan eusina mah, ceuk abdi nu odob" tangtos ieu teh dianggit saatos "burak Pajajaran" da geuning pilihan gaya basa boh kecap2na bangun "ngalengis" midangdam anu tos teu aya, ngahaleuangkeun titilar nu kantos "ngajegirkeun Pasundan" anu kiwari kantun runtuyukna...emh deudeuh........ nu nyeratna ngangken "nganggit ti karuhun" yaktos pisan, rupi na eta teh salinan tina seratan anu medar jaman sateucana penulis . Pangrasa abdi mah kana abad2 ka-17-19an mangsa titilar2 karajaan nu di tatar Sunda...inyana kantun "kakaren" tapi msh kentel keneh nyambuang. Tiasa kasebat eta teh "salinan" saleresna mah. naskah2 Ciburuy oge salinan sapertos oge Carita Parahiyangan. Ngan bentena, CP mah tos diuji secara filologis janten VALID dianggo atanapi diacu; naskah2 Ciburuy (bayongbong) mah teu acan sadaya diuji (dianalis) Naon margina abdi kumawantun nyebat eta "salinan" margi naskah2 Bayongbong teh disertana tina bahan anu henteu permanen...aya keuna ku mangsa anten aus, resak...dina mangsa harita bangsa urang teh (Nusantara) cara ngawetkeunana nya ku disalin ulang (da teu acan terangeun fumigasi, komo micro film mah) nu dialungkeun ku Abah "Sangkakala Pajajaran" oge rupina sami "salinan" Nyanggakeun Ambu Wirumananggay ----- Original Message ---- From: mh <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, July 4, 2008 8:48:35 PM Subject: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? baraya, sim uing manggih hiji artikel, nu nyutat hiji syair, make judul "syair sangkakala pajajaran". cenah ceuk nunulis eta artikel, eta syair teh beunang nganggit karuhun sunda. nu jadi kapanasaran uing, naha enya eta syair teh beunang karuhun sunda? atawa kreasi anyar-anyar ieu? pedah eta we, upama maca artikel kiwari, sok mindeng ngarujuk nepi ka jaman bulukan, nu kadang-kadang upama dititenan rujukanana sok rada pabaliut. cing sugan aya baraya nu apal, tina naskah naon ieu syair teh ayana? salam, mh catetan: geura ieu potongan eusi artikelna ====== Para leluhur sunda melalui syair SANGSAKALA PAJAJARAN sudah mengingatkan agar dalam kehidupan di dunia, manusia harus selalu bersahabat dengan lingkungan alam karena jika tidak alampun akan membalas melalui berbagai bentuk bencana yang ditimpakan kepada umat manusia. Cobalah cermati apa yang dipesankan dalam syair "Sangsakala Pajajaran" yang saat ini mulai dikenalkan dan dikembangkan untuk mengingatkan masyarakat Jawa Barat generasi saat ini akan tradisi luhur Tatar Sunda yang memiliki kearifan dalam memperlakukan alamnya. SANGSAKALA PAJAJARAN KAWUNG MABUR CARULUKNA Enau Kehilangan Buahnya GULA LEUNGITEUN GANDUAN Gula Kehilangan Cirinya CIAMIS KARI PAITNA Air Manis Tinggal Pahitnya CIHERANG KANTUN KIRUHNA Air Bening Tinggal Keruhnya SAMAK TINGGALEUN PANDANNA Tikar ditinggalkan Pandannya KIAI LEUNGITEUN AJI Kyai Kehilangan Kemakbulannya PANDITA ILANG KOMARA Pemimpin Formal Kehilangan Wibawa KAHURUAN KU NAPSUNA Terbakar oleh Nafsunya ========
