Leres Agan, anu di Mojosari - Mojoagung. Jalatunda teh sanes ti Singhasari langkung tebih deui malah mah ti Jaman Pu Sindok (Mataram Kuno II -Lanjutan Mataram Jawa Tengah) > anjeuna saayos Gunung Merapi meledug rongkah...ngalihkeun ibukota karajaan Mataram ti wewengkon Kedu (Prarakan - Temanggung > mounain range of Sumbing & Sundara) ka Jombang > teras oge dipihormat saterasna dugi ka incuna nyaeta Airlangga tea .
Jalatunda teh pan di wewengkon Gunung Penanggungan > disebat wewengkon pang-sucina di Jawa Wetan, margi gunung eta teh puncakna aya 9 tea > di dieu seu-seur titilar karuhun...anu digolongkeun kayakinan karuhun anu diheuyeuk ku para resi, inti ajaran nana sami sareng Sunda Wiwitan (local faith = inegenous religion) janten arca atanapi candi anu katingalna Hindu-Buddha teh saleresna mung "raksukan" wungkul da beutina na mah tumetep nyepeng Sang Hiyang Acala Pati (Karuhun anu bersemsayam di gunung) = sami bae sareng gunung samaya (dina prasasti kebantenan to jaman Sri Baduga Maharaja di Pakwan-Pajajaran) Numawi teu aneh...Jalatunda disebat oge disumpingan ku Buhangga Manik. Nyanggkeun Tabe Pun Ambu Wirumananggay ----- Original Message ---- From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Sunday, July 6, 2008 2:33:31 PM Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? punten ngiring tumaros, wirehna dina jejer sangkakala pajajaran bet aya kasabit-sabit ngeunaan Jalatunda Naha anu dimaksad teh Jalatunda candi? atanapai sanes ? pami tea mah muhun, atuh eta candi teh titinggal karajaan Singasari nu ngagaduhan "sumur zam-zam" oge mung ayana di caket PPLH Seloliman - Trawas Mjkt deui bae, he he jigana Ambu sareng sanesna tiasa medar langkung anteb nguenaan ieu hal naha aya patula-patalina sareng karajaan Pajajaran dumeh eta karajaan Singasari teh ngalahirkeun Rd Wijaya raja mjpht nu ka hiji pami teu lepat kitu oge, punten , simkuring teh ari ka lokasi caket, namung kana sajarah teu patos apal. hatur sembah nuhun, On Sun, Jul 6, 2008 at 8:13 AM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: Sampurasun, Wilujeng enjing Abah! Punten...naroskeun asa aya nu ngalungkeun perkawis upacara 1000 Sapi...saha nya? Hattur Nuhhun Ambu Wirumananggay ----- Original Message ---- From: mh <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Saturday, July 5, 2008 9:54:19 AM Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? Kang Wahyudi, hatur nuhun infona. Ke urang paluruh, asa aya buku eta teh. salam, mh On Sat, Jul 5, 2008 at 10:41 AM, Wahyudi <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > Kang MH, asa emut waktos harita di angkir ku Kang Setia hidayat waktos > anjena jeneng sekda keneh ngawangkong ngaler ngidul atuh brasna teh anjeuna > nyaur rengrengana sareng group cianjuranana teras ngaluarkeun buku leutik > anu judulna Sasangkakala pajajaran, eusina rumpaka dina wangun cianjuran ... > saur anjeuna mah eta teh kenging ngadamel/nulis anjeuna miwah rengrengana. > anu eusina mun teu lepatmah rada ngaharib-harib kana nu di serat > > 2008/7/4 mh <[EMAIL PROTECTED] com>: >> >> baraya, sim uing manggih hiji artikel, nu nyutat hiji syair, make >> judul "syair sangkakala pajajaran". cenah ceuk nunulis eta artikel, >> eta syair teh beunang nganggit karuhun sunda. nu jadi kapanasaran >> uing, naha enya eta syair teh beunang karuhun sunda? atawa kreasi >> anyar-anyar ieu? pedah eta we, upama maca artikel kiwari, sok mindeng >> ngarujuk nepi ka jaman bulukan, nu kadang-kadang upama dititenan >> rujukanana sok rada pabaliut. >> >> cing sugan aya baraya nu apal, tina naskah naon ieu syair teh ayana? >> >> salam, >> mh >> >> catetan: geura ieu potongan eusi artikelna >> ====== >> Para leluhur sunda melalui syair SANGSAKALA PAJAJARAN sudah >> mengingatkan agar dalam kehidupan di dunia, manusia harus selalu >> bersahabat dengan lingkungan alam karena jika tidak alampun akan >> membalas melalui berbagai bentuk bencana yang ditimpakan kepada umat >> manusia. >> >> Cobalah cermati apa yang dipesankan dalam syair "Sangsakala Pajajaran" >> yang saat ini mulai dikenalkan dan dikembangkan untuk mengingatkan >> masyarakat Jawa Barat generasi saat ini akan tradisi luhur Tatar Sunda >> yang memiliki kearifan dalam memperlakukan alamnya. >> >> SANGSAKALA PAJAJARAN >> >> KAWUNG MABUR CARULUKNA >> Enau Kehilangan Buahnya >> >> GULA LEUNGITEUN GANDUAN >> Gula Kehilangan Cirinya >> >> CIAMIS KARI PAITNA >> Air Manis Tinggal Pahitnya >> >> CIHERANG KANTUN KIRUHNA >> Air Bening Tinggal Keruhnya >> >> SAMAK TINGGALEUN PANDANNA >> Tikar ditinggalkan Pandannya >> >> KIAI LEUNGITEUN AJI >> Kyai Kehilangan Kemakbulannya >> >> PANDITA ILANG KOMARA >> Pemimpin Formal Kehilangan Wibawa >> >> KAHURUAN KU NAPSUNA >> Terbakar oleh Nafsunya >> ======== > > -- Ema Sujalma
