Mangga sami2 ngagaduhan mah langkung resep janten tiasa silih simbeuhan, abdi oge kaleresan nalungtik kadinya, Agan! dina unggal kagiatan tahunan gunung Pananggungan teh dugi ka ayeuna matuh, Basecamp arkeologi ge aya dugi ka ayeuna di Trowulan
kaleresa abdi gaduh skripsi perkawis Jalatunda. Pan ku abdi disebatkeun ti payun (naha teu kaaos kitu) sanes mung hungkul dikaitkeun sareng tempat pendharmaan Airlangga, tapi Pamandian eta teh ti Jaman Pu Sindok (karuhun Airlangga ti pihak ibu namina nyaeta Mahedradatta & ramana nyaeta Dharmmawangsa Teguh) waktos Sindok masih jaman di Mataram Jawa Tengah. Situs Pananggungan teh sanes mung ukur Jalantunda...tapi seu-eur sakuriling bungking...pinuh ku situs arkeologi, margi Wewengkon Pananggungan teh "puseur dangiang' raja2 wetan kawit ti Mataram kuno II (lanjutan) i.k.na di Tamwlang (Jombang ayeuna) dialihkeun ku Sindok (prasasti Paradah, prasasti Alas Antan prasasti Anjuk Ladang sadayana ti tahun 851 Saka + 78 = 929 Masehi) anu sabudeureunana tempat ieu teh disebat Sanghiyang Pawitra (prasasti Cunggrang oge tahun 929 Masehi Tapi teu langkung Gan Ema, ieu mah mung saukur nguningakeun Nyanggakeun Ambu Wirumananggay ----- Original Message ---- From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, July 8, 2008 2:04:17 PM Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? hatur nuhun Ambu Wirumananggay, padahal abdi aya bukuna KatuturanipunMahara jaAirlangga heu heu, punten...eta ge kenging ngopi ti museum Trowulan tos lami tara katingal eta buku teh... eta musium tilas bumina arsitek Henry Mcpont tea urang Walanda, buku history of Java oge aya kenging Raflless, ngan karandel can kantos maos, can aya waktos, pribados, permios, baktos, On Sun, Jul 6, 2008 at 8:53 PM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: Leres Agan, anu di Mojosari - Mojoagung. Jalatunda teh sanes ti Singhasari langkung tebih deui malah mah ti Jaman Pu Sindok (Mataram Kuno II -Lanjutan Mataram Jawa Tengah) > anjeuna saayos Gunung Merapi meledug rongkah...ngalihkeu n ibukota karajaan Mataram ti wewengkon Kedu (Prarakan - Temanggung > mounain range of Sumbing & Sundara) ka Jombang > teras oge dipihormat saterasna dugi ka incuna nyaeta Airlangga tea . Jalatunda teh pan di wewengkon Gunung Penanggungan > disebat wewengkon pang-sucina di Jawa Wetan, margi gunung eta teh puncakna aya 9 tea > di dieu seu-seur titilar karuhun...anu digolongkeun kayakinan karuhun anu diheuyeuk ku para resi, inti ajaran nana sami sareng Sunda Wiwitan (local faith = inegenous religion) janten arca atanapi candi anu katingalna Hindu-Buddha teh saleresna mung "raksukan" wungkul da beutina na mah tumetep nyepeng Sang Hiyang Acala Pati (Karuhun anu bersemsayam di gunung) = sami bae sareng gunung samaya (dina prasasti kebantenan to jaman Sri Baduga Maharaja di Pakwan-Pajajaran) Numawi teu aneh...Jalatunda disebat oge disumpingan ku Buhangga Manik. Nyanggkeun Tabe Pun Ambu Wirumananggay ----- Original Message ---- From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Sunday, July 6, 2008 2:33:31 PM Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? punten ngiring tumaros, wirehna dina jejer sangkakala pajajaran bet aya kasabit-sabit ngeunaan Jalatunda Naha anu dimaksad teh Jalatunda candi? atanapai sanes ? pami tea mah muhun, atuh eta candi teh titinggal karajaan Singasari nu ngagaduhan "sumur zam-zam" oge mung ayana di caket PPLH Seloliman - Trawas Mjkt deui bae, he he jigana Ambu sareng sanesna tiasa medar langkung anteb nguenaan ieu hal naha aya patula-patalina sareng karajaan Pajajaran dumeh eta karajaan Singasari teh ngalahirkeun Rd Wijaya raja mjpht nu ka hiji pami teu lepat kitu oge, punten , simkuring teh ari ka lokasi caket, namung kana sajarah teu patos apal. hatur sembah nuhun, On Sun, Jul 6, 2008 at 8:13 AM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: Sampurasun, Wilujeng enjing Abah! Punten...naroskeun asa aya nu ngalungkeun perkawis upacara 1000 Sapi...saha nya? Hattur Nuhhun Ambu Wirumananggay ----- Original Message ---- From: mh <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Saturday, July 5, 2008 9:54:19 AM Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? Kang Wahyudi, hatur nuhun infona. Ke urang paluruh, asa aya buku eta teh. salam, mh On Sat, Jul 5, 2008 at 10:41 AM, Wahyudi <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > Kang MH, asa emut waktos harita di angkir ku Kang Setia hidayat waktos > anjena jeneng sekda keneh ngawangkong ngaler ngidul atuh brasna teh anjeuna > nyaur rengrengana sareng group cianjuranana teras ngaluarkeun buku leutik > anu judulna Sasangkakala pajajaran, eusina rumpaka dina wangun cianjuran ... > saur anjeuna mah eta teh kenging ngadamel/nulis anjeuna miwah rengrengana. > anu eusina mun teu lepatmah rada ngaharib-harib kana nu di serat > > 2008/7/4 mh <[EMAIL PROTECTED] com>: >> >> baraya, sim uing manggih hiji artikel, nu nyutat hiji syair, make >> judul "syair sangkakala pajajaran". cenah ceuk nunulis eta artikel, >> eta syair teh beunang nganggit karuhun sunda. nu jadi kapanasaran >> uing, naha enya eta syair teh beunang karuhun sunda? atawa kreasi >> anyar-anyar ieu? pedah eta we, upama maca artikel kiwari, sok mindeng >> ngarujuk nepi ka jaman bulukan, nu kadang-kadang upama dititenan >> rujukanana sok rada pabaliut. >> >> cing sugan aya baraya nu apal, tina naskah naon ieu syair teh ayana? >> >> salam, >> mh >> >> catetan: geura ieu potongan eusi artikelna >> ====== >> Para leluhur sunda melalui syair SANGSAKALA PAJAJARAN sudah >> mengingatkan agar dalam kehidupan di dunia, manusia harus selalu >> bersahabat dengan lingkungan alam karena jika tidak alampun akan >> membalas melalui berbagai bentuk bencana yang ditimpakan kepada umat >> manusia. >> >> Cobalah cermati apa yang dipesankan dalam syair "Sangsakala Pajajaran" >> yang saat ini mulai dikenalkan dan dikembangkan untuk mengingatkan >> masyarakat Jawa Barat generasi saat ini akan tradisi luhur Tatar Sunda >> yang memiliki kearifan dalam memperlakukan alamnya. >> >> SANGSAKALA PAJAJARAN >> >> KAWUNG MABUR CARULUKNA >> Enau Kehilangan Buahnya >> >> GULA LEUNGITEUN GANDUAN >> Gula Kehilangan Cirinya >> >> CIAMIS KARI PAITNA >> Air Manis Tinggal Pahitnya >> >> CIHERANG KANTUN KIRUHNA >> Air Bening Tinggal Keruhnya >> >> SAMAK TINGGALEUN PANDANNA >> Tikar ditinggalkan Pandannya >> >> KIAI LEUNGITEUN AJI >> Kyai Kehilangan Kemakbulannya >> >> PANDITA ILANG KOMARA >> Pemimpin Formal Kehilangan Wibawa >> >> KAHURUAN KU NAPSUNA >> Terbakar oleh Nafsunya >> ======== > > -- Ema Sujalma -- Ema Sujalma
