punten ngiring tumaros, wirehna dina jejer sangkakala pajajaran bet aya kasabit-sabit ngeunaan Jalatunda Naha anu dimaksad teh Jalatunda candi? atanapai sanes ? pami tea mah muhun, atuh eta candi teh titinggal karajaan Singasari nu ngagaduhan "sumur zam-zam" oge mung ayana di caket PPLH Seloliman - Trawas Mjkt deui bae, he he jigana Ambu sareng sanesna tiasa medar langkung anteb nguenaan ieu hal naha aya patula-patalina sareng karajaan Pajajaran dumeh eta karajaan Singasari teh ngalahirkeun Rd Wijaya raja mjpht nu ka hiji pami teu lepat kitu oge,
punten , simkuring teh ari ka lokasi caket, namung kana sajarah teu patos apal. hatur sembah nuhun, On Sun, Jul 6, 2008 at 8:13 AM, richadiana kartakusuma < [EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sampurasun, Wilujeng enjing Abah! > Punten...naroskeun asa aya nu ngalungkeun perkawis upacara 1000 Sapi...saha > nya? > > Hattur Nuhhun > Ambu Wirumananggay > > > ----- Original Message ---- > From: mh <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Saturday, July 5, 2008 9:54:19 AM > Subject: Re: [kisunda] Syair "Sangkakala Pajajaran"? > > Kang Wahyudi, hatur nuhun infona. Ke urang paluruh, asa aya buku eta teh. > > salam, > mh > > On Sat, Jul 5, 2008 at 10:41 AM, Wahyudi <[EMAIL PROTECTED] > com<rakeyan%40gmail.com>> > wrote: > > Kang MH, asa emut waktos harita di angkir ku Kang Setia hidayat waktos > > anjena jeneng sekda keneh ngawangkong ngaler ngidul atuh brasna teh > anjeuna > > nyaur rengrengana sareng group cianjuranana teras ngaluarkeun buku leutik > > anu judulna Sasangkakala pajajaran, eusina rumpaka dina wangun cianjuran > ... > > saur anjeuna mah eta teh kenging ngadamel/nulis anjeuna miwah > rengrengana. > > anu eusina mun teu lepatmah rada ngaharib-harib kana nu di serat > > > > 2008/7/4 mh <[EMAIL PROTECTED] com <khs579%40gmail.com>>: > >> > >> baraya, sim uing manggih hiji artikel, nu nyutat hiji syair, make > >> judul "syair sangkakala pajajaran". cenah ceuk nunulis eta artikel, > >> eta syair teh beunang nganggit karuhun sunda. nu jadi kapanasaran > >> uing, naha enya eta syair teh beunang karuhun sunda? atawa kreasi > >> anyar-anyar ieu? pedah eta we, upama maca artikel kiwari, sok mindeng > >> ngarujuk nepi ka jaman bulukan, nu kadang-kadang upama dititenan > >> rujukanana sok rada pabaliut. > >> > >> cing sugan aya baraya nu apal, tina naskah naon ieu syair teh ayana? > >> > >> salam, > >> mh > >> > >> catetan: geura ieu potongan eusi artikelna > >> ====== > >> Para leluhur sunda melalui syair SANGSAKALA PAJAJARAN sudah > >> mengingatkan agar dalam kehidupan di dunia, manusia harus selalu > >> bersahabat dengan lingkungan alam karena jika tidak alampun akan > >> membalas melalui berbagai bentuk bencana yang ditimpakan kepada umat > >> manusia. > >> > >> Cobalah cermati apa yang dipesankan dalam syair "Sangsakala Pajajaran" > >> yang saat ini mulai dikenalkan dan dikembangkan untuk mengingatkan > >> masyarakat Jawa Barat generasi saat ini akan tradisi luhur Tatar Sunda > >> yang memiliki kearifan dalam memperlakukan alamnya. > >> > >> SANGSAKALA PAJAJARAN > >> > >> KAWUNG MABUR CARULUKNA > >> Enau Kehilangan Buahnya > >> > >> GULA LEUNGITEUN GANDUAN > >> Gula Kehilangan Cirinya > >> > >> CIAMIS KARI PAITNA > >> Air Manis Tinggal Pahitnya > >> > >> CIHERANG KANTUN KIRUHNA > >> Air Bening Tinggal Keruhnya > >> > >> SAMAK TINGGALEUN PANDANNA > >> Tikar ditinggalkan Pandannya > >> > >> KIAI LEUNGITEUN AJI > >> Kyai Kehilangan Kemakbulannya > >> > >> PANDITA ILANG KOMARA > >> Pemimpin Formal Kehilangan Wibawa > >> > >> KAHURUAN KU NAPSUNA > >> Terbakar oleh Nafsunya > >> ======== > > > > > > > -- Ema Sujalma
