Bah Willy lamun ngaca kana ajaran islam mah ngan aya manusa, malaikat jeung jin (syaitan). Jin ieu nu disebut ku basa2 lokal jurig, hantu, jste. Kunaon sok rada pabaliut? Nya eta urang sok luluncatan tina kosmologi lokal (mun di urang mah kosmologi sunda kuna) ka kosmologi islam. Tina konsep nu pabaliut ngalahirkeun sikep, laku, adat, kultur nu pabaliut oge. salam tirta ~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ---- From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: Baraya Sunda <[EMAIL PROTECTED]>; [email protected] Sent: Wednesday, August 27, 2008 22:06:08 Subject: [kisunda] Jin salah sahiji "species" jurig kitu? --> Re: Puasa - Sunda Buhun From: "mh" <[EMAIL PROTECTED] com> > Kang Oman, Kang Tirta, oge baraya nu sadayana, cing pangnyaangankeun > ieu uing. Sugan aya baraya nu tos meunang beja, naha aya kitu hiji > peradaban manusa kiwari anu nanjeur, kaceluk ka awun-awun, kakoncara > ka janapria, kalawan eta peradaban teh diwangun sarta dibantuan ku > bangsa jin jeung balad-baladna. Ari kuring mah nu sok panasaran wae teh, naha ari JIN jeung JURIG teh sarua, atawa beda species? Atawa Jin teh sabenerna mangrupakeun species ti bangsa "jurig"? Jin dina ensiklopadia Britanica (oge dina wikipedia inggris) disebutkeun "habibat asli"na di Tanah Arab jeung boga sababaraha sub-species, nyaeta: GHUL (Ghaul), ieu mangkeluk gaib nu bisa robah-robah bentuk, kabeukina daging manusa, SILA, Jin nu teu bisa robah-robah bentuk, IFRIT jeung MARID. Sub Species jin nu jadi "kaum imigran" di tatar Sunda JIN IFRIT, sabab jin ieu sering disebut-sebut ku urang Sunda. Tapi aya oge jin nu "pararindah" ka Eropa. Cenah di sababaraga nagara Eropa aya kapercayaan kana GHUL (GHAUL), mangkeluk nu sok ngadahar jelema. Jin Iprit nambahan jenis-jenis jurig di tatar Sunda nu oge cukup loba jurigna: Kuntilanak, Gandarewo, kelong, lulun samak, kiciwis, ririwa, buta hejo ............ .....jrrrd nu sifatna lokal pisan. Baktos, WALUYA New Email names for you! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
