Upami numutkeun elmu fisika, nu namina "malaikat" teh nyaeta naon anu nuju ditalungtik dinu bab fisika quantum. Meureun. Apan cenah malaikat lain lalaki lain awewe, taat kanu diparentahkeun ka numarentahkeunana, teu katingali ku mata buncelik. Mun parantos kitu teras we kitu teu robih-robih. boh di jagat makroskopis jeung jagat mikroskopis sami taat. Nu matak ditalungtik make taropong neangan "black hole", terus oge noongan gerak (sanes nonggerak), partikel-partikel anu laleutik sepertos atom. Beda sesebutan siganamah ahli fisika pikeun nyebut malaekat, umpamana mararanehana nyebut "boson, muon, lepton, quark,pesitron, gluon". Kitu. Beda jeung terminologi urang, ari urangmah nyebut boson teh anu teu bisa nahan hitut sanes? :) mz mangjamal <[EMAIL PROTECTED]> wrote: rada beda konsepnya kang. Jin, oge bangsana nu teu tunduk titah ngawelkam ka Adam, setan tea, numutkeun carana dijieun ku pangeran, tina cahaya. cahaya ieu, bisa jadi ngandung siloka nu mudah2an jaga bisa diguar ku fisika.
